Carita Pondok

Arsip untuk kategori Carita Pondok

Néang Kalangkang

Rucang-riceng. Sorot panonpoé seseleké kana sela-sela bilik. Geus beurang geuning. Rét kana jam nu pinuh ku rambat, ngadaplok kana tihang. Jarum pondokna keur ngungked ka angka dalapan. Di luar, kapireng nu patinggorowok. Baca kelanjutan entri ini »

Ma Inung newak Cahaya

Ma Inung nutur-nutur bujur Eulis nu paciweuh néwakan cahaya. Eulis resep kabina-bina asa mulungan inten berlian. Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék urut wadah kurupuk, Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék embung leupas, Ma Inung ngeukeuweuk kantong kérésék sieun leupas.

Baca kelanjutan entri ini »

Basa Mamah jadi Caleg

Ngapalkeun téh kaganggu pisan. Ka imah jul-jol tamu. Leuheung mun sakeudeung, da ieu mah aya nu nepi ka sapoé jeput, malah aya nu nepi ka peuting. Bari ramé ngobrol, komo ka nu godégan mah teu resep pisan, ngomongna cowong. Baca kelanjutan entri ini »

Silang Singe

Poe Minggu ngajak ulin budak ka toko buku, dumeh budak teh ti kamari ngaeh bae hayang buku catetan nu leutik nu kelirna kayas, teuing keur naon, da ditanya teh ukur nyebut keur catetan, atuh ku kuring diayunkeun kahayangna sakalian kuring ge rek neangan buku sejena. Baca kelanjutan entri ini »

Ngadagoan Ema

Umurna kira-kira lima atawa genep taun. Mindeng uulutudan kénéh
mun ulin di buruan atawa di pipir imah. Karesepna ngala undur-undur atawa
nalian légé, anteng ari geus kitu téh.

Baca kelanjutan entri ini »

Basa Mamah rek ngajual Imah

Bubar ti sakola teh sok jadi hareneg, asa horoream mulang ka imah. Beda jeung babaturan siga nu jigrah. Geura we Revi, babaturan sakelas, teu sirikna lumpat balik ka imah teh, dina angkot ge asal kabawa we kajeun kabagean diuk ukur nember. Baca kelanjutan entri ini »

Onyet

Rumasa rada tambélar. Rumasa indit poék datang poék. Kitu téh pedah hayang gawé suhud. Kang Sabri ngahuleng, diuk dina korsi di hareupeun imah, bari ngararasakeun hawa tiis isuk-isuk.

Baca kelanjutan entri ini »

Si Gatot

Ngaranna Sanusi, nénéhna Usi. Ngaran basajan, lain ngaran éxtra ordinary. Umurna kakara opat taun. Sapopoé sok buligir, tara dicalana-calana acan. Awakna seseg rada bucitreuk. Dahar rewog. Sagala bres. Komo mun dibéré sampeu manéhot, sampeu nu semu konéng, mun diseupan semu beukah, Baca kelanjutan entri ini »

Atel

Mun awak geus ateul, bet hayang diturihan, disisit ku hinis, dipépéhék manjing kéré lauk, kulit lestreng dikalantang dina gantar. Gégétrét ku leungeun dalapan pasang. Dina mumuncangan, dina bujur, dina bitis, dina tonggong, dina kongkolak mata, dina pipi, dina dada, dina palangkakan. Ateul, lir tari jaipongan, awak oyag, kiceup, rérét, buncelik. Ngadégdég, ngageter, muriang. Baca kelanjutan entri ini »

Mongkleng

Kénging Rostika Srihilmawati

Girimis hayeuh waé ngadoja. Maruragan ti langit, maseuhan peurihna rasa. Baca kelanjutan entri ini »

Napak Tilas

Kénging Han

Gek kuring diuk dina jukut sisi jalan satapak, ngareureuhkeun kacape. Taktak asa semplak pira oge nangung kalapa jeung gula kawung anu teu sabaraha piduiteunana. Baca kelanjutan entri ini »

Kenek Anyar

Kénging Nyi Roro

Tungkul.  Teu sirikna beungeut éta budak ampir adek kana sisi méja nu aya di hareupeunana. Dua leungeunna pataréma, ramona diorék bari diutek-utek. Kuring ngan ukur Baca kelanjutan entri ini »

Asa Dina Pangimpian

Kénging Tuti

Asa kagunturan madu, meureun pibasaeunana. Ardi anak kuring katarima ka paguron luhur nu kasohor. Bungah kacida. Kasusah nu Baca kelanjutan entri ini »

Aki Warung

Kénging Wahyu Wibisana

AKI WARUNG, biasa kuring nyebut kitu ka manéhna téh. Pédah akina tukang warung nu aya di hareupeun imah kuring. Cenah mah umurna geus aya kana saratus Baca kelanjutan entri ini »

Sabada Ema Ngantun

Lesna mah teu nungkulan. Harita kuring jeung bojo nyelang mulang heula ka Jakarta ngalongok imah nu dipercayakeun Baca kelanjutan entri ini »

Categories