Kenek Anyar

Kenek Anyar

Kénging Nyi Roro

Tungkul.  Teu sirikna beungeut éta budak ampir adek kana sisi méja nu aya di hareupeunana. Dua leungeunna pataréma, ramona diorék bari diutek-utek. Kuring ngan ukur bisa melong dibarengan ku ngarénghap panjang. Pipikiran asa baluweng, teuing kudu kumaha pijalaneunana keur ngawarah éta budak. Kahayang mah ngambek, tapi jaman kiwari téa ngambek gé teu bisa sagawayah kudu maké uteuk bisi kaduhung engkéna. Jalma kiwari téa teu kaopan, nanaon dilaporkeun, nanaon dipoto, nanaon disambungkeun jeung HAM. Kaimpleng, kumaha mun aya rekaman video kuring keur ambek-ambekan di Youtube? Matak ear sadunya, matak éar sajagat maya.

Salaku wali kelasna, kuring tangtu kudu tanggung jawab kana kaayaan murid-murid. Komo ieu teu béja, teu carita, geus sabulan pleng les teuing ka mana. Pangpangna mah sakeudeung deui éta budak rék nyanghareupan ujian. Pisakumahaeun teuing mun kepala sekolah nyahoeun, aya murid kelas kuring bolos téh mani kacida lilana. Ieu mah bakat ku haat, ngadatangan heula ka imahna saacan dilaporkeun. Susuganan bisa diréngsékeun ku sorangan.

 “Pa Jaja kudu ngarti, ku naon si Kamal tara sakola? Manéhna teh ngabantuan kuring usaha!” ceuk bapana Kamal bari tipopolotot. Kuring teu béakeun mikir. Usaha naon atuh? Da sakanyaho kuring, bapana Kamal téh teu boga gawé, ukur lantrak-lintrik teu puguh cabak. Kungsi manggih béja yén Kamal téh sok dipaksa ngabantuan bapana nu moho pisan kana judi. Unggal poé, mun beurang Kamal dipakieuhkeun, diutuh étah sagawé-gawé titah nyiar duit pikeun masang keur judi. Lamun peuting Kamal sok dibabawa judi purah mantuan mangitungkeun. Cenah mah, mun dibantuan ku Kamal, bapana sok remen meunang.

Kuring ngarasa watir ku dua ku tilu, ti leuleutik Kamal geus ditinggalkeun ku indungna, kabur mawa adina nu orok kénéh, teuing ka mana. Béjana mah indungna Kamal sok remen diteunggeulan ku salakina. Awéwé mana atuh nu kuat boga salaki kawas kitu ?

“Sumuhun Bapa, abdi gé ngartos. Mung kedah uninga, dua sasih deui Kamal téh badé mayunan ujian nasional, piraku badé bolos baé? Kamal téh kalebet murid pinter Pa. Calakan, gampil pisan ngartosna dina ampir sadaya mata pelajaran. Kedah ti ayeuna tatan-tatan diajar, lebar upami dikantunkeun kitu baé,”ceuk kuring muji, sugan baé bapana Kamal bisa lééh haténa.

“Heueuh, kuring gé ngarti Pa Guru. Ngan, keur naon atuh sakola? Da jaman kiwari mah masing sakola luhur ogé, engkéna angger hésé néangan gawé. Rék gawé nu kitu-kitu baé mah pasti moal daraékeun da éra ku ijazah. Tungtungna ngalaligeuh. Mending ti ayeuna kénéh usaha mantuan di dieu! Barina gé pipilueun teuing lah da sakola si Kamal mah moal dituluykeun ieuh!” témbal bapana teugeug.

Dikitukeun mah kuring teu bisa kumaha. Rék ngolo deui gé cumah, jelema hésé dilawan. Kuriak ngajak gelut, kalahka piriweuheun. Kétang, sabenerna mah sebér ogé nénjo pangawakan bapana Kamal nu jangkung badag, dibandingkeun jeung awak kuring nu pécékrék leutik.

Panon kuring jeung Kamal paamprok. Katangen tina panon Kamal siga nu nyarita yén manéhna gé bingung. Tungtungna Kamal ngeluk. Ukur bisa ngarenghap panjang bari noroweco jero haté, Emh, deudeuh teuing Kamal. Teu kungsi lila kuring tuluy amitan.

Nepi ka hareupeun imah, teu buru-buru asup. Awak asa lalungsé. Muru korsi panjang paragi ngadaweung. Gék diuk, tuluy ngalamunkeun kajadian nu karék karandapan bieu. Keuheul sakaligus kuciwa. Boga murid pinter, kolotna teu bisa diandelkeun. Karék gé rék nyangsaya, rekét panto muka. Torojol indungna barudak mawa baki.

“Ngaleueut heula Pa,”ceuk pamajikan bari ngasongkeun emuk bulao kameumeut kuring. Regot cai diinum, méh béak satengahna. Rét kana lalawuh dina piring eusi goreng sampeu, kawasna mah karek nyait da ngebul kenéh. Teu diengkékeun deui tuluy dicokot. Nyah nyéh nyoh bari ditiupan. Béak dua keureut, regot deui nginum. Pamajikan nu aya di gigireun ukur melong bari teu lila nyodorkeun amplop  bodas nu aya logo sakolaan.

“Naon ieu?” kuring nanya bari nampanan éta amplop.

“Mangga, aos baé ku Akang,” jawab pamajikan kuring.

Bérés maca, kuring kerung. Éta surat ti wali kelas Irwan nu nitah datang ka kuring atawa pamajikan salaku kolotna, aya nu rék dibadamikeun.

“Abdi tos ngadeuheusan wali kelas Irwan. Serat panggilanna telat, nembé dugi tadi enjing, ari ka sakola kedah dinten ayeuna pisan. Sihoréng Irwan téh remen pisan bolos, diétang-étang tos aya kana dua mingguna,”ceuk pamajikan kaburu mantén nerangkeun saméméh ditanya. Paromanna tuluy alum.  

Kuring ngarénghap panjang naker. Beu, kacida hirup téh, tihothat nguruskeun budak batur sangkan bisa sakola sing bener, kari-kari ayeuna anak sorangan kalahka teu kaurus? Kuring ngahuleng. Unggal poé bareng indit ti imah jeung éta budak, naha bisa nepikeun ka leungit? Na kamana heula atuh budak téh?

Isukna di parapatan Jalan Cisago, kuring nurunkeun Irwan, cara biasana unggal isuk. Sanggeus nyium leungeun, Irwan leumpang ngajugjug SMPN Cisago 3 nu anggangna kira-kira  dua ratus méteran. Kuring api-api indit deui muru SMPN Cisago 1 tempat kuring ngajar. Padahal, di lebah péngkolan buru-buru motor dipéngkolkeun, balik deui.

 

Ti kajauhan katénjo Irwan keur leumpang semu rusuh. Éh, naha teu asup ka gerbang  sakola? Kalahka nguliwed asup ka gang? Kuring teu waka incah, ditungguan nepi ka sababaraha menit. Ana jebul téh di gang nu beulah ditu. Rentang-rentang ti kajauhan katénjo Irwan rada lumpat muru mobil APV hideung nu keur parkir di sisi jalan.

Buru-buru motor distater, rada ngebut muru éta mobil. Geus rada deukeut motor dilaunkeun. Geuleuyeung mobil maju. Ké, ké, éta mobil asa apal? Plat nomerna sarua deuih? Lalaunan dituturkeun. Jarak diatur ambéh teu katohyan ku nu di jero mobil. Geus aya dua kilo meter jauhna, mobil nu keur dituturkeun rada ngalaunan.

“Caheum! Caheum!” Kadéngé aya sora tina éta mobil ngaliwatan jandela nu muka. Di hareup kabeneran aya hiji awéwé megat. Reg, mobil eureun. Jleng, aya nu turun bari luncat. Sihoréng budak lalaki maké kaos héjo, mapag nu rék naék. Ditelek-telek. Euleuh? Geuning Irwan? Ari supir mobil, geuning Bapa. Kuring ukur bisa colohok. Hayang mah harita kénéh diontrog, tapi kuring inget cara kitu moal pibenereun. Méngkol, balik deui ka sakola.

            “Ari Bapa, naha teu apal ayeuna téh usum sakola? Pami nuju peré mah mangga téh teuing Irwan ngiring nambangan ka Bapa,” ceuk kuring laon kanu jadi kolot sanggeus aya di bumina.  

Ti saprak pangsiun tamba kesel Bapa kuring ngiridit mobil APV. Anjeunna nyupiran nu trayékna ka Cicaheum. Kabeneran basa usum peré sakola kamari, Irwan milu nambangan ka akina. Katempo beungeut Irwan mani atoh mun balik nambangan téh, da ku akina mah sok dikeupeulan duit lumayan gedé. Rénghap kuring karasa panjang. Teu ngabibisani, rumasa mun méré jajan ka budak téh sok tara gedé. Ti dituna mah hayang ngawarah budak ambéh teu beuki jajan, bisa ngahargaan kana duit.

 “Hih, da Bapa mah tara ujuk-ajak ka Irwan, manéhna wé nu sok maksa milu ngenékan. Si Ujang nu biasa ngenékan téh gering. Na, ari geus cageur kalah ka milu ka mamangna nu digawé di Jakarta. Mani hésé néangan kenék gaganti si Ujang téh, kabeneran Irwan datang hayang milu. Nya ku Bapa digugu tug nepi ka ayeuna. Pan alus lain budak kénéh geus hayang diajar digawé? Méh engkéna babari néangan duit,” ceuk Bapa kuring siga nu teu ngaros dosa. Ukur bisa ngarénghap panjang, teu bisa majar kumaha. Piraku ari kudu mapagahan nu jadi kolot mah. ***

Panglawungan 13