Mongkleng

Mongkleng

Kénging Rostika Srihilmawati

Girimis hayeuh waé ngadoja. Maruragan ti langit, maseuhan peurihna rasa. Duka teuing, duka ngan rarasaan kuring wungkul atawa mémang salah sahiji balukar patubrukna rasa jeung nyata. Atawa mangrupa kila-kila nu teu kungsi kapikiran ti anggalna. Duka téh teuing!

            Kainggis jeung katugenah tuluy ngaguruh, jadi impian nu pinuh ku salaksa harepan nu pegat.

“Sanyeri kieu?”

 Mangréwu patalékan ulin na pikir. Beuki loba, beuki minuhan pikir. Harita kuring mikir, tuluy mikir. Mikir kumaha carana ngaléahkeun waktu, mangsa kudu ngarandapan hirup jauh ti manéhna.

            Dua poé katukang, Séno ngirim surat ka kuring. Manéhna ngadadak aya panggilan gawé di Kalimantan. Kontrak waktu nu dibéré ku perusahaan tétéla dua taun lilana. Harita, ti saprak surat Séno katarima tur dibaca ku Kuring tayohna pikiran mimiti ngaracabang. Carita nu kudu karandapan ku Séno jeung kuring kacida ngarakacak kana haté. Kuring teu nyaho, na Séno ngarasaeun hal nu sarua nu dirasa ku kuring atawa henteu? Nu puguh mah, Séno téhbangun nu teu kabeungbeuratan ninggalkeun kuring dina waktu nu kacida lilana.

***

            Wanci beuki nyiksa. Jadi tatu. Tepika hiliwir angin lir nu milu nyiksikan sakabéh rasa nu beuki motah dina dada. Wanci nu beuki ngagorogotan batin. Karasa peurih tur nyeri. Tapi kumaha deui, Kuring teu bisa miheulaan waktu nimang-nimang naon nu baris kasorang kahareupna. Kuring teu bisa ngalawan wanci. Wanci nu beuki maluguran tur pinanggih jeung kecap ‘paturay’ nu matak nyokélan kaketir na batin. Beuki deukeut nyorang waktu nu misahkeun manéhna jeung kuring.

            Kasieun, rasa melang, tur sawatara hal anu ngagimbung na batin lir nu bitu ayeuna kénéh. Basa Séno cindek baris ninggalkeun Kuring. Kabéh-kabéh bakal dipisahkeun ku jarak. Ti mimiti ayeuna!

            Beurat kacida léngkah pikeun balik deui ka jero imah sanggeus Séno datang ka imah ngadon pamit nu pamungkas saméméh mangkat jeung saacan dua taun kahareup manéhanana balik deui maturan kuring. Basa datang ka imah, manéhna ukur seuri tur ngedalkeun kalimah, “Teu kénging melang, teu kénging inggis.”

Kekecapan éta karasa lir panglipur. Ti saprak harita, kuring nyoba ikhlas ngaleupaskeun Séno indit ka Kalimantan.

            Hiliwir angin! Ngusapan deui.

            Kuring nyoba ngalaksanakeun sagala nu karandapan cara biasa. Tatahar asup ka paguron luhur tétéla nyieun kasibukan diri nu antukna rada mawa kana kagenahan batin pikeun mopohokeun kakangen ka Séno jeung rasa nu pasiksak alatan jauh ti Séno.

            Waktu beuki nyérélék, kuring katarima di salah sahiji paguron luhur di Bandung. Tétéla beuki jauh waé jeung sagala kalangkang Séno. Beuki embung inget jeung nginget-nginget sagala rupa hal nu kungsi karandapan jeung Séno atawa naon waé nu tumali jeung Séno. Lain hayang mopohokeun tur miceun Séno ti kahirupan kuring, tapi ngan saukur usaha nengtremkeun pikir sangkan teu gumantung teuing ka Séno. Bawirasa, kuring sadar yén diri sorangan miboga udagan nu kudu cumpon, antukna ayeuna kudu nyoba daria jeung soson-soson kana kuliah.

            Waktu tuluy maluragan. Waktu teu miboga rasa, tapi waktu marengkeun sagala hal nu aya di dunya jeung hal nyata tepung. Jeung sagala hal nu teu saeutik ogé maya. Kaasup waktu nganti Séno dina komunikasi nu basajan. Komunikasi ngaliwatan téhnologi mangsa kiwari nu tétéla kabéh komunikasi ieu kawilang teu cukup sabab sagalana ngan saukur kalangkang; nu ngan ukur hirup dina imaji.

            Sataun satengah geus kaliwat, ayeuna kuring geus semester opat. Genep bulan deui kurang leuwih, kuring kudu tetep satia dina kalangkang jeung hal maya nganti Séno balik deui ka Jawa. Dina kaayaan tuluy ragot jeung imaji ti poé ka poé, hal nu bisa mopohokeun Séno iwal kasibukan kuliah. Kasibukan nu nyocéng sagala rupa lamunan nu datang, nu tumali jeung Séno.

            Genep bulan katukang komunikasi antara kuring jeung Séno geus teu kerep deui caran baheula. Beuki anggang beuki carang. Surti kuring gé. Séno keur sibuk digawé tayohnamah. Bisa kaitu komunikasi jeung manéhna téh. És-ém-és gé ngan sababaraha siki dina sabulan, komo deui teleponan. Bisa sabulan sakali teleponan mah. Éta ogé upama sarua rinéh. Da geuning geus opat bulan katukang teu bisa és-ém-ésan komo deuiteleponan lantaran Séno téh keur ngudag target. Sibuk kacida.Pleng wé taya iber saeutik-eutik acan ti Séno téh. Tapi kudu sabar, najan hariwang beuki ngabakutet qolbu.

            Basa kuring leuseuh ku lamunan jeung kalangkang Séno, basa kuring leuseuh ku tugas kuliah nu teu petot datang. Nyelip acara-acara jeung sobat tur babaturan kampus. Kaasup agenda minggu nu rék datang, aya agenda foto bersama jeung sakumna barudak kosan. Ngan saukur nga-refresh pikiran jeung ngipisan rasa guligah nu sumarambah na jero dada. Tayohna mémang kudu aya agenda samodél kieu nu ku kuring kudu dilakonan. Salianti maca buku dikosan tur ngajalankeun kalangenan kuring nu séjén.

            Waktu beuki maksa pamikiran diri barobah. Kaasup kadéwasaan diri. Jeung deuih waktu mawa diri kana katengtreman nyanghareupan sakabéh hal nu aya na kahirupan kaasup sakabéh masalah kahirupan. Fénoména nu karandapan di sabudeureun tétéla sok dijadikeun pangalaman tur sok dibawa hikmahna tina sagala nu katempo jeung nu karasa.

***

            Nganti hal nu teu pasti beuki nambahan kapeurih diri. Tapi tétéla waktu mawa kuring ngarandapan nu kudu karandapan. Tepika cunduk waktu foto sakosan téa. Ba’da solat Isya sakumna barudak kosan mangkat ka CiWalk. Kabéh-kabéh miboga rasa gumbira dina jero haténa. Béda jeung kuring. Aya hiji hal nu matak jadi poék pikir. Duka naon. Kuring ngadadak teu bisa ngaji rasa. Teu bisa ngokolakeun pikir. Pikiran paburisat mikirkeun nu teu kungsi kapikirkeun. Marudah haté.

Sanggeus difoto téa, sawatara barudak kosan langsung balik. Kuring ngajak Ismi jeung Ghina jalan-jalan heula di sabudeureun CiWalk saméméhmulang. Sakalian dinner atawa ngan saukur jelong-jelong.

            Sanggeus ninggalkeun Studio Jonas, kuring indit ka tempat dahar. Tapi basa keur leumpang, di peuntaseun kuring, aya Séno jeung Dzaky, sobatna.

            Tanda tanya gedé datang na piker. Murigrig awak nénjo maranéhna duaan. Naha Séno bet aya di dieu?Ongkoh kapan pagawéanana keur kacida lobana tepika komunikasi jeung kuring gé kaganggu sakitu lilana. Bet kunaon manéhna jeung Dzaky bisa aya didieu?Jeung mani romantis kitu? Pacekel leungeun, léléndéan, jeung …

“Argh!” haté ngajerit maratan langit.Tayohna Ismi jeung Ghina nu haria ningalieun gésadar kana parobahan sikep kuring.

“Étatéh Séno kan Mél?” patalékan Ismi meupeuskeun lamunan kuring harita.

”Siganamah enya. Hayu cik cuang tuturkeun,” kuring ngajawab bari pinuh ku panasaran.

            Basa dituturkeun, maranéhna ogé leumpang ka tempat dahar. Kuring, Ismi, jeung Ghina nalingakeun ti kajauhan. Séno teu ngan saukur dahar, tapi tétéla kuring nempo hal nu rada mahiwal. Dzaky nu awakna pinuh ku tatto béda kacida sikepna ka Séno. Heureuyna geus béda. Buuk Séno diusapan ku Dzaky. Beuki murigrig awak kuring nempona. Séno nu dipikawanoh ku kuring mah jauh ti kitu, boroning nyekel leungeun mun paduduaan téh da duanana gé sarua lingsem.

            Kuring nu salila ieu sok nguat-nguat manéhpédah jauh ti Séno, harita mah bener-bener ngarumpuyuk dina kuciwa. Ismi jeung Ghina surti kana kaayaan kuring harita.

“Hayu uih waé yu,” Ghina ngajak ninggalkeun tempat éta. Tapi haté kuring teu narima sabab beuki panasaran.

            Teu lila sanggeus dahar,kuring panasaran hayang ngabuktikeun bebeneran. Kuring langsung nelepon Séno.

Kadéngé sora tina telepon, “Hallo Amél, ké waé nya neleponna. Séno na nuju sibuk, seueur kénéh pidameleun.”

“Muhun,” bari ngageter kuring nutup telepon.

            Rinéka rasa nu kacipta harita anteng ngaguligah. Kuring nangtung dina rarasaan antara sadar jeung teu sadar. Aya dina rarasaan nu kacida ngagolak. Teu genah rasa. Duka kudu kumaha ngungkulan naon nu karandapan ayeuna.

Maranéhna masih pacekel leungeun. Tuluy ngaleungit, lir disantok peuting.

Bandung, Oktober 2013