Ngadagoan Ema
Umurna kira-kira lima atawa genep taun. Mindeng uulutudan kénéh
mun ulin di buruan atawa di pipir imah. Karesepna ngala undur-undur atawa
nalian légé, anteng ari geus kitu téh.

Sapopoé ngiclik nuturkeun emana, euweuh
batur ulin nu séjén, ma’lum jaman harita, imah di pilemburan ancal-ancalan kénéh.
Demi kasab emana, dagang kukuluban, kayaning kulub hui, kulub cau, kulub suuk jeung
kulub sampeu. Dibawana, diais dina boboko jeung disuhun dina nyiru, dituruban
ku daun cau.

Dagangna tara matuh, kitu wé
sapanjang Dagowég, pangjauhna dagangna di Rembrandtplain hareupeun Gedong Hébé.
Bubuhan didinya sok loba nu arulin, atuh ka béh kalérna aya lapangan bisbol,
urang dayeuh gé bareukieun kana kulub hui jeung kulub suuk.

Ari balikna, mun dagangan geus méh
béak, leumpang ka tonggohkeun, nyacat sapanjang Dagowég, teuing lebah mana
lemburna mah, teu apal.

Teu capé, najan kakara umur lima atawa genep taun,
leumpang jeung emana mah da loba eureun, loba nyimpang. Nyimpang sotéh nawarkeun
kulub hui atawa kulub suuk ka imah gedongan nu aya di Dagowég, ambéh isukan
tinggal nganteurkeun.

Jaman keur werit atuh, sagala gé
hésé, peperangan dor dar kénéh ngalawan soldadu Walanda nu hayang ngawasa deui.
Nu usaha kana dagang téh beunang diitung ku ramo leungeun, komo mun dagangna ka
dayeuh.

Leuheung emana mah gedé kawani,
meureun bakating ku butuh keur pangupa jiwa jeung ongkoh boa teu nyaho kaayaan
jaman nu geus mimiti robah . Ari bapana mah teuing kamana, da asana can kungsi
panggih. Kungsi ngadéngé cenah bapana téh diirid ku Jepang, kudu milu romusa.

Di hareupeun Gedong Hébé, jalma
pagaliwota, bangsa Walanda, cenah jeung bangsa Inggris, teu bisa ngabédakeun da
sarua buléna, sarua harelung jangkungna. Lolobana make saragem soldadu, aya
deuih soldadu nu semu hideung, sok disebut Gurka. Jol deui sababaraha treuk,
tarurun di Wilhélmina Boulevard.
Emana mah paciweuh ngaladangan nu meuli, aya Walanda, aya Gurka, nu siga bangsa
urang gé aya. Paciweuh, dagangan laris. Paciweuh, sakéak dagangan geus béak.