Wilujeung wengi Diary
Ku: usman supendi
PEUTING téh teuing kusimpé,jungjunan, peuting nu malidkeun panineungan tadi beurang.
Kalangkang urang duaan,lalampahan urang duaan, jungjunan, kumayang deui dina ingetan! Basa urang ngambah katresna, basa mulang ti kota rek kaBolenglang, basa nganteur salira mulang, ébréh némbongan.
Harita langit soré béar marahmay, jomantra atra lénglang. Sang surya leuleuy sorotna, nyaksian urang nungaléngkah paduduan di jalan satapak, jalan numeuntasan pasawahan.
Léngkah téh teuing ku anca,manjang keun lalampahan,ngarah henteu gancang-gancang cacap.
Da kitu mun haté kebek ku cintamah,rasa kaancikan hèabna sungkan papisah, dunya ulah hayang mituray, waktu kudu tunduk ka nu keur patuyun-tuyun.
Ulah ganggu, teu kaci mun nyisikudi.
Harita…, ah, aya ku éndah salira meulitkeun asih kana ati, ku harewos nu haroshos.
Kang, cinta téh éndah, nya?
Lir sajak leubeut ku majas,
lir langit taya tutugan,
lir béntang baranang,
lir kembang arum ambeuna. Cinta urang mugia manjang kasubaya rumah tangga!
Sora salira dina héab na napas, lir angin nu rintih, tintrim, niis keun batin.
Haréwos salira sumarambah kana bayah, matak tigin dina asih, palias rék jalir jangji.
Mugia niat salira, hayang cacap ka rumah tangga, masing kateda Ku Nu Kawasa.
Léngkah ngarandeg di hiji mumunggang peuntaseun sawah.
Urang calik sisi gawir,paduduaan, reureuh sakedapan,nyawang sawah ti mumunggang.
Salira muragkeun mastaka dina taktak Engkang nu oyag ku hégak. Kembang eurih warna kapas katebak angina soré,ngaléngléong kakalayangan,terus eunteup dina rambut mayang salira.
Ku Engkang diusap dina hégak tresna nu jembar.
Jaga éta rambut téh bakal leubeut ku malati. Kembang papaés di taman sari para déwi,kembang lambang ka sucian para dayang,malati silib sajati ning asih, dironcé sina meulit dina sanggul salira.
Ah..,. jungjunan, asa nyeblak nyawangna.
Malati lambang kasucian asih bakal meulit dina korsi jatukrami,silib asih yén urang jadi rarabi, asih nu sumanding masing seungit siga malati,palias laas ku mangsa, paralun ka purba ku jaman.
Ah.., asa hayang geura tepang jeung jaga, tepangna cinta dina ijab kabul ngarapalan.
Jungjunan.., teuteup salira harita neuteup na amparan sawah. Cek salira, lalampahan cinta dina amparan rumah tangga lir patani nu miloma sawah, lir patani dalit jeung Nyi Pohacina.Temen wekel ngolahna, tulatén miara paréna,nyinglar hamana, ngagemuk nu di pelakna, nyieuhkeun manuk nu ngahélaranana, bari teu petot ngalirkeun cai kana kotakanana, tangtu bakal kapetik hasilna kaala buahna.
Mugia sing kitu, jungjunan.
Acining Pohaci aya di salira, Engkang mah kadar nu miarana, nu ngagemukna, nu ngajagana, nu nyeboranana.Engkang patanina, salira Nyi Pohacina.
Silih titip keun asih, silih talingakeun rasa, malah mandar buahna kaala, rasana kateda ku urang duaan.
Nyawang langit ku rasa cinta,
jungjunan.., éstuning teu karasa. Urang uplek silih teuleuman rasa, urang ngencarkeun katresna, kokojayan dina ulekan kanyaah. Ari wayah teu dipiroséa, terang-terang sang surya ngalayang murag ka jurang sareupna.
Terang-terang layung geus hurung. Mancur lir emas sinangling, lir teja gumilang.
Éta sumirat layung, jungjunan lir cinta urang duaan, hurung mancur ngahibaran sukmaning asih! Harita tonggérét ngageuing lilir, nitah urang mulang kasarakan.
Mémang urang kudu mulang,kudu mungkas carita tresna poé éta. Padahal duriat masih ngawang-ngawang, asalewang mun paturay, najan paturay saheulaanan.
Jungjunan, urang ulah kamalinaan, bisi aya sandékala, da cenah, sareupna sok ulayaban. Bisi ngancik dina sukma urang duaan, temahna matak cilaka.Kapan cinta mah ngan semet subaya,semet paantel rasa. Ulah liwat tieta.
Ah..,. jungjunan, ngalayang deui dina ciptaan tadi beurang urang duaan, di kota sukan-sukan,ngebrehkeun cinta dina poé cinta.
Najan, cenah, éta carita budaya wétan, tapi da bongan urang keur silih cinta, éta mangsa ditarima, najan teu hayang sagalana ngiblat.
Lantaran sajatining cinta mah silih jaga.
Ari cinta sajati nyaéta nu teu silih hinis. Cinta urang mah aya dina kalangkang kaimanan, jungjunan.
Cinta asih sina suci, sina jadi cai talaga nu ngemplang hérang.
Jaga ogé urang nuboga, sagalana jang urang duaan! Ngarah cinta jadi bukti, teu jalir kana jangji, tetep tigin dina suci.
Léngkah urang duaan najalan satapak, dianteur kuhaleuang cinta.
Aya tembang,aya asmarandana,aya kawihnu ngusapan rasa.
Harita hawar-hawar dina haté Engkang, aya tembang nuka cinda éndahna, tembangnu palias sumbang.
Haleuang éndah, nu baheula sok dihaleuangkeun di sakola. Lagu Layung Gandrung, rumpakana endah kacida, yasana Bakang Abu bakar.
Enya,. nya, jungjunan’ mun urang boga jangjang, meureun hiber paduduaan. Di langit nu paul urang pataréma cinta,maheut keun subaya.
Subaya cinta pikeun ngajugjugan alak rumah tangga.
Ah.., jungjunan, dinawengi ieu Engkang ngaherang, mapay keun deui panineungan tadi beurang. Beurang nu seungit ku kembang tresna, beurang nu caang ku sumiratna cinta. Keun waé picisan ogé, keun waé séntimental ogé, da baturmah moal ngarasa siga kumaha rasa urang harita.
Jungjunan.., sing tibra, sugan sukma kumayang, ngalalakon dina impian asih, hiji adegan cinta urang duan. Da Engkang mah asa guling gasahan,jungjunan! Émut waé kasalira. Salira bet kapiraray baé.
Peun ah, Diary…
Geuning wanci tos janari