Hiji désémber

Hiji désémber

gurat seuneu patingburisat di langit luhureun panyalindungan langit ceudeum katutupan mega nu ngagulung nyiliksik asup kana hate ngalimpudan rasa na jero dada

hawar-hawar sora hariring melengking ngurilingan peuting nurihan hate nu keur rungsing hiliwir angin peuting mawa talatah liwat kalakay cenah manehna ayeuna keur tunggara

baeu teuing geulis, akang ge ngilu tunggara rumasa akang pernah ngajak ngungudag bentang nepika anjeun ragrag tina pamuntangan

harita oge tanggal hiji desember teu karasa waktu geus liwat dua taun ngalayang tapi unggal renghapan masih aya lagu urang

masih ngancik dina lelembutan

[Ku Toni Sofian, Cibitung 1 Desember 2004] *Khususon keur anu milangkala poe ieu


XtGem Forum catalog