Kahatur Papayung Kalbu

Kahatur Papayung Kalbu

Ku: Yayat Hendayana

Parantos Geulis, parantos katampi.
Leres tos rada lami. Aya panginten ari kana sapuluh dinten mah
.Ih, henteu..Henteu dipiceun.Piraku teuing dimomorekeun.Samalih mah dipusti-pusti.Disimpen dina lokét, supados kabantun kamana-mana.
Kantenan wé samimah.Paraosan Engkang gé teu bina ti nu ka manah kuEnéng.
Asa reugreug ari nyimpen serat dina lokét téh, Engkang mah asa teu weléh nyandingkeun jirim nu geulis, panyileukan siang-wengi. Asa aya nu nalingakeun. Asa aya nu teu weléh ngabebenah léngkah malar teu mengpar tina jangji nu teu kendat dikedalkeun ku urang duaan saban tepang.
Dianggo isim ku Engkang mah serat téh Geulis.
Teu weléh diaos saupami Engkang émut ka Enéng.
Teu weléh digugulung upami Engkang sono kaEnéng.
Dugi ka parantos kucel awahing ku sering teuing digugulungna,da geuning bet saban usik sono Engkang ka Enéng téh.
Engkang teu énggal-énggal ngawaler téh kumargi ngaraos baluweng. Bingung. Bet sapertos nu ngadadak linglung.Asa kabur pangacian.Henteu terang kedah kumaha nya peta.
Antukna ngahurun balung.Sedih kingkin dina ati, bangbaluh minuhan kalbu.
Duuuh Dina waktos Engkang baluweng awahing ngémutan Enéng, raraosan téh aya nu nuyun. Léngkah nu ngadadak hampang,kahoyongna teu dipungpang. Ku Engkang éstu digugu badé kamana léosna.
Horéng ka jongko anu sasari,caket péngkolan paranti urang biasa tepang.
Ari anu tunggu jongko, barang gok langsung pepeta, arapap-eureupeup bari papuket.
Saéna Engkang tos apal kana pamaksadanana. Awahing ku sering “ngawangkong”, upami Engkang nitip serat kanggo Enéng, Engkang jadi apal kana basa isaratna.
Leres saur Enéng, manéhna mah tiasa dipercanten, moal ngucah-ngacéh kanu lian lalakon urang duaan.
Padahal apan sakitu seringna urang nitipkeun serat katresna nu pami pareng tos teu kaampeuh nahan sono anu hoyong ngagolontor awahing lawas teu tepang.
Pangna pepetana papuket,maksadna mah hariweusweus,rusuh ngadongéngkeun Enéngnu majar ngantos-ngantos serat waleran. Engkang reuwas majar dina soca Enéng aya nu ngembeng sagala rupi.
Duuh lebar temen éta damis nu walagri saupami kedah jadi pameuntasan cisoca.
Enéng..,hapunten Engkang. Rumaos lepat teu enggal-enggal ngawaleran serat.
Sanés ngahaja dielat-elat, sanés maksad nyiksa manah. Pamohalan teuing Engkang baris wantun kitu peta ka Enéng,pangeunteupan deudeuh saban reureuh, panitipan asih saban usik.
Sanes…,Geulis,sanes..Sanes ku teu aya waktos, sanés pédah Engkang répot. Apan saur Engkang ogé, waktos nuaya di Engkang mah sagemblengna kanggo Enéng.
Nu ku Engkang sok karaos répot teh sanés waktos nanging manah.
Manah Engkang sok ngaraos kalintang répotna saupami aya sadintenna teu tepang sareng salira, Jungjunan Papayung kalbu.
Sami Geulis…, manah Engkang gé nya kitu pisan.
Ngaraos hariwang sieun sesah kana tepang. Samalih aya karémpan, inggis kasempetan dugi kaparagat pisan.
Sadaya-daya Geulis, sadaya-daya. Engkang mah teu langkung Enéng kumaha ngatur waktosna.Nu dipalar asal tepang, mungguh sono sesah dipungpang.
Engkang rumaos, Enéng sanés milik Engkang sagemblengna.Da mungguh Enéng aya nugaduh, Engkang gé nyakitu kénéh.
Numawi tianggalna mula tos diniatan urang mah seja TTM, “Teman Tapi Mesra”, Tepang Teras Misah. Kawuwuh apan ayeuna mah tuang raka parantos aya deui dibumi sabada dines dipeuntas.
(Naha atuh anjeunna téh mancén tugasna bet kirang laminya Geulis?)

***