Waktos Galunggung

Waktos Galunggung

Basa Galunggung…

Taun eta..

Ti Sumedang Larang ti kaanggangan kasawang

Basa kula masih keneh boloho olo leho

Prak wengi nuju ka tengah..

Tingburisat kembang seuneu..

Ngaburicak sagede-gede imah

Dina poek mongkleng meta cahaya

Di awang-awang, langit kidul wetan

Dor dar sora batu mencar lalumpatan

Meupeuh diri lir dipupul bayu, anu nenjo

soca olohok..

Hemeg…teu ampeuh ku kakeueung

Seuneu bumi ngagulidag motah kahayang

Kaluar bumi kaendagkeun Gusti

Keur nandakeun kakawasaan…

Asa masih keneh dina ceuli Takbir jeung Tahmid

Geunjleung sa-tanah Priangan

Prak beurang

Poek…kayas bumi jiga sareupna..

Kahujanan lebu sakulihna

Najan nepi ka para imah

Gogonjakan babaledogan

Palastik dieusi ku lebu Galunggug

Ah mangsa kuring sok budugan

April 1982- Januari 1983..

Anu ieu mah ngalaman..

Cenah Krakatau oge taun 1883,

Tah nu ieu teu ngalaman

Moal boa leuwih ti Galunggung..

Naha…bet bedana saratus taun

Naha engke bakal kajadian deui

Di dieu di taneuh ieu..

2083

Ah ieu mah moal boa kuring mah teu ngalaman

Wallahu’alam bissawab..

||Jalak Harupat

||Sumedang Tandang Nyandang Kahayang