Méga bodas tungtung gunung

Méga bodas tungtung gunung

(susukan Cisadane, 22 Jan 2004)

Sok waas mangsa jaman keur budak…

Basa remen nyawang ti kaangangan

Nyawang mega bodas

tingrunggunuk tungtung gunung

Bodas nyacas jiga kapas

Dina langit kulaas ngaharu-biru

Basa angin halodo ngahiliwir…

Nyambuangkeun bau taneuh garapan

Nu mawa ka tentrem hate

Disaeur ku nyambuangna seungit pare

Mangsa keur panen

Suka bungah…

Gogonjakan

Basa keur manteng langlayangan di tengah sawah

Ber…hiber jauh ka jomantara…

Ber hiber…ngapak mega ngawang-ngawang

Jeung angin halodo anu mimiti mesat jiga panah

Bawa ieu hate kuring dina raga anjeun..

Panteng…manteng langlayangan…

Jung sing..jadi jawara..

Hontal mega bodas kayungyung di tungtung gunung

Ngahontal sagala harepan…

Bejakeun anjeun mawa bodas hate kuring

Ngahirupkeun harepan anu geus lawas

Mawa warna hirup kumbuhna manusa

Mawa endah dina alam

Basa harepan mupuhna pinuh na hate,

Budal dina sarewu kaendahan..

Kanggo harepan anu masih ngancik

Mangsa ayeuna, waktos abdi nolih deui mega bodas ngalanglangan

Geuning teu endah jiga syak wasangka

Hideung kahirupan geus maseuhan

Eleh kahirupan geus teu nampeuhan

Najan anjeun mega bodas, masih keneh nyacas jiga kapas

Keun, da na hate kuring masih ngancik panutan

Jeung…

Ka Gusti Nu Maha Suci

||Jalak Harupat

||Sumedang Tandang Nyandang Kahayang


XtGem Forum catalog