Sorot Soca Anjeun

Sorot Soca Anjeun

Neuleuman kana jero soca anjeun

kuring ninggali naon nu aya dina fikiran anjeun

urang geus silih bagi kasusah jeung kasenangan

teu aya nu bisa disumputkeun

 

karasa lambey anjeun nempel

kuring kaleungitan kasadaran

teu aya carita

nuaya ngan ukur teuteup jeung ambungan

kuring kakara sadar

anjeun teh sabagian tina hate kuring

anjeun rido mere

tapi anjeun teu ngaharap rek narima

kuring ngarti

kuring hayang mere kanyataan

ngabuktikeun sagala nu jadi harepan anjeun

katempo tina sorot soca anjeun

[January 24, 2004, ku Toni Sofian di Cibitung]