Anjeun Miang deui
kamari……
anjeun nyegruk ceurik balilihan na dada kuring
ngenta panghampura
bisi aya dosa nu kaliwat
ngingetkeun ka mangsa katukang
waktu kuring mutuskeun anjeun
tangtu anjeun ngarti lain kuring teu mikatresna anjeun
tapi kulawarga nu utama
harita kuring di hareupkeun ka buah simalakama
ieu ujian ti NuKawasa keur urang duaan
urang mah jelema biasa, ngan ukur boga kahayang
tapi Alloh geus nangtukeun
geura pupus cipanon anjeun
anjeun miang lain rek pelsir
anjeun miang lantaran panggupay Anjeuna
muga miangna anjeun nu katilu ieu nganteurkeun anjeun jadi Hajjah anu mabrur
[January 25,2004, ku Toni Sofian]
*Khususon kanggo AH, nu mangkat ka tanah suci poe ieu….