Rasa nu ayeuna aya
Dina hate leutik aya rasa hayang midua
tapi karunya ka simanehna
dina hate leutik kuring geus niat salingkuh
tapi watir ninggali dirina
naha anjeun masih sok nganjang
mawa ridu ku pangabutuh
kuring teu tega
pan anjeun oge kungsi jadi eusi ieu hate
sakapeung sok bingung
lamun anjeun datang
kadang sok mawa kamelang
matak nguruykeun hate kuring
pan anjeun kungsi nganyenyeri
pan anjeun kungsi nurihkeun hinis na hate kuring
ayeuna anjeun geus lain-laina
sanajan ngaran anjeun can leungit na ieu hate
sanajan teu ngaku pan anjeun teh geus boga nu anyar
kitu oge kuring geus boga ganti anjeun
tapi naha anjeun datang wae
ngaguar rasa nu baheula aya
kuring moal rek percaya kana sagala omongan anjeun
raheut hate kuring oge can bisa kaubaran
kuring rek diajar satia kasimanehna
tong maksa kuring jadi sulaya
Toni Sofian
[Cibitung, February 06, 2004]