Ngurek belut
Leuh…matak waas matak nineung
Lamun sawah geus dipaculan
Usum hujan geus ngawahan
Ceudeum mawa katenangan
Lamun hujan geus maseuhan
Asa disawer sarewu harepan
Upluk-aplak satungtung deuleu
Cai ngembeng minuhan kotakan
Sawah hipu pinuh harepan
Sora haleuang disaput
Haliwirna angin gunung mawa katingtriman
Sora mesin garu minuhan alam
||Jalak Harupat
||Sumedang Tandang Nyandang Kahayang