Pegat Duriat

Pegat Duriat

dina salaksa harepan nu ngalanglayung

cacap mangsana anjeun ngajaul tina

hate kuring. parongpong. pangeusina

salin jinis jadi mangrewu2 timburu

mangrewu-rewu kuciwa nu ngabeset

duriat jadi rarawing kasono nu ngembang

waluh, nananyakeun deudeuh kawas

nu kurang saeundan.

Tasik 12:58:00 17-01-2004

pun,

Sarabunis Mubarok

@ Tasikmalaya – Jawa Barat