Judulna Duka Naon
Harita,
basa urang masih duaan
basa hate urang masih keneh ngahiji
basa urang masih keneh nyepeung kana jangji
moal rek silih nganyenyeri
Harita,
Anjeun kedal ucap rek nyaah salawasna
anjeun rek mika tresna saenyana
anjeun rek mika asih satulusna
Anjeun rek mika deudeuh sagalana
Ayeuna,
anjeun aya dimana
Tara pisan aya bejana..
na masih keneh aya dikieuna..
atawa geus mulang ka manten-Na..
Cecep Wahyu
19 januari 2004
tambihan ti kuncen sajak:
janten naon atuh judulna teh kang ule?