Lalaki Raheut Haténa

Lalaki Raheut Haténa

Peuting nu jempling

Kuring ngajentul disaksian

ku bentang nu baranang

Bulan nu sapasi jadi saksi

tunggarana hate

‘Neng hapunten tina sadaya

kalepatan akang

Rumaos akang tambelar ka ‘Neng

tapi tong dihartoskeun Akang teu cinta

Mun seug eusi hate bisa dibedah

tur dibolekerkeun

ngan ukur ngaran ‘Neng nu nyangkaruk na ati

Kiwari kuring ngarahuh

waktu nu geus liwat

geus moal bisa dibalikan deui

mun seug teu era ku diri

kuring hayang miang,

miang nu sajauh-jauhna

Panyangka kuring mah

anjeun teh rek satia

tapi sihoreng geuning belang bayah

Jalir tina jangji, teu kuat ku gogoda

Sakuat tanaga kuring ngajaga

ieu rasa kacinta jeung kanyaah

Dipiara, dihade-hade jeung didama-dama

tapi sihoreng mung

kakuciwaan nu kasorang

Paingan atuh hate teh

sok marojengjat wae

da geuning nu asih dipulang sengit

Kunaon anjeun tega mutuskeun

tali kacinta jeung kanyaah..!

mun seug rek kieu jadina

kunaon teu ti baheula

Kapan baheula mah anjeun teh

sakidu deudehna..!!

Memang manusa mah sok keuna ku owah gingsir

tapi kunaon bet tumiba ka anjeun

wanoja nu kacida dipikanyaah

jeung dipikadeudeuh ku kuring

Najan ayeuna urang geus

teu aya pasini jangji deui

hate kuring hamo moal bisa

mopohokeun anjeun

Kanyeri jeung kapeurih hate

ngagurat lir prasasti

Raheut nu aya dina hate

asa hese ngubaranana

Leuwih peurih tibatan digerihan ku hinis

Leuwih nyeri tibatan kasabet seukeutna pedang

Satekah polah kuring meper ieu amarah

Kuring embung mun disebut jalma nu lemah

Embung mun disebut lalaki lemah iman

tapi kuring ge manusa biasa

Kasabaran mah aya watesna

Tapi kapan kangaranan Pangeran mah

Maha Adil

Melak hade bakal hade nu diala

Melak goreng nya wayahna balai nu tumiba

Mung ka Gusti kuring jumerit

nuhunkeu pitulung Mantenna

Mugi sing dipasihan kasabaran

jeung kakiatan

Mugi sing dipasihan Wanoja

nu leres-leres micinta tur satia

Karawang, 15 januari 2004

Amat Hanafi

Nu keur tunggara

(Lalaki Raheut Hateuna)