Kuntul bodas

Kuntul bodas

Ngolenyay bodas

Ngiciskeun jangjangna

Ngalayang dina sela-sela hejona pare

Ti hiji galengan ka nu galengan nu lain

Neangan beunteur jeung burayut

berenyit jeung julung-julung

ngabrul dua..tilu, teu hiji wae

diserangkeun ti kajauhan

Di Serang…

Sore ieu..pas jam 3 pasosonten

bodasna matak waas matak was-was

ngalayangna matak kelar kana hate

ngalayangkeun deui ka bumi Priangan

teup..eunteup

tong eunteup…heug hiber sing lila

meh kuring teleb dina endahna anjeun

meh kuring kasurupan deui alam katukang

Basa sawah masih keneh di wuluku

Jeung kuntul bodas ngalayang di luhureun sawah urang

Basa ebreh anjeun jiga lukisan Monalisa

Ditukangna gambar Gunung Ciremai jeung Cakrabuana

teup…eunteup dina galengan

Ah…teu karasa lengkah kuring nepi ka dieu

Ngaliwatan bates waktu

Jeung bates kakawasaan

Anu pegat taun kamari

Jejer lampah asa kabeulah

Aya lalangse meulah ti laut Jawa nepi ka Laut Kidul

Gunung Karang satukangeung

Jiga ngaheroan keur ngojay kana sagara ingetan

Asa inget jeung apal ka guratna

Moal weleh poho, moal weleh bisa dipapalerkeun

Cisadane, Gunung Karang, sisi basisir Carita

Moal bisa ngaganti Cimanuk jeung Tampomas

ngan lukisan Monalisa geus luntur kahujanan

||Jalak Harupat

||Sumedang Tandang Nyandang Kahayang