Anaking Jeung Bulan Puasa

Anaking Jeung Bulan Puasa

Kénging: Anggi Novia Dewi

Sumanget nataku. Bulan puasa ayeuna, si bungsu diajar puasa tamat nepi ka maghrib.
Budak umur tujuh taun, mani sok watir ningali pépéréngkélan laparna.
Komo lamun balik sasapédahan jeung baturna, ngabeubeurang. Kadang katingali biwirna garing.
Kajeun anyang-anyangan barbie wé atuh ceuk kuring téh.
Tara ngajawab, manéhna sok tuluy ngaléndé bari ménta diusapan, reup wé saré.
Hudangna téh engké lamun rék sholat dzuhur, geus sholat indit sakola TPA.

Sok sanajan direumbeuy ku paménta itu-ieu puasana téh.
Hayang baju lebaran dua, hayang hapé, hayang sapédah anyar téa mah, keun waé nu penting daék puasa.
Matak sok diwowoy gé.
Song duitna, song dahareunana. Sagala diaya-ayakeun keur anu diajar puasa. Malah sok nepika ditanyakeun engké buka atawa saur hayang dengeun sangu naon.

Lamun rérés sholat ashar, cakah-cikih milu riweuh di dapur. Nataharkeun keur buka. Hayang milu nyiksikan bawang, hayang milu ngagoréng témpé. Ngambengkeun dahareun dina méja makan gé hayang ku sorangan. Palaur tamplok wé kolekna.

Ari sagala geus diambengkeun, manéhna sok tuluy diuk nanggeuy gado bari neuteup dahareun. Kadang sok katohyan diambeuan atawa dicampaan, manéhna sok nyéréngéh garo-garo teu ateul. Bari pokna téh, énak meureun nya.

Geus deukeut ka maghrib, pok deui pok deui manéhna nanya, naha ka waktuna maghrib téh sabaraha menit deui.
Tampolana ari geus waktuna buka atawa saur mah, daharna téh saeutik. Ku indung bapana kénéh dibéakkeunana mah.

Mun rék tarawéh, mani geus saged ti tabuh satengah tujuh kénéh. Pokona geus tajil jeung solat maghrib tuluy manéhna dangdan. Heug ditiung.
Gundayan-gundeyen dierok, mawa sajadah jeung mukena. Sakitu diengké-engké sina dahar heula ku kuring téh, éh da teu daék. Alesanana téh bisi kaburu béakeun tempat. Engké wé dahar mah balik tarawéh cenah. Bapana ngahenjigkeun. Kuring gé teu bisa kumaha.

Méméh indit, budak ménta duit keur ngéncléng jeung jajan. Ari keur kuring mah asal budak daék tarawéh. Géus bagja haté téh. Ari geus dibéré duit téh, celengok nyium leungeun mani kuat soraan. Ari tapakna mani baseuh. Kayungyun wé nu aya. Bapana mah sok tuluy nyium tarangna. Bari pokna téh sing leres tarawéhna nya, tong heureuy komo ngagandéngan ngaganggu ka batur mah.
Teuing kadéngéeun teuing henteu, da budakna mah kaburu ngaberebet lumpat nyampeurkeun babaturanana nu geus raéng ngagentraan.

Waktuna janari, sok teu wasa ngahudangkeunana. Lalaunan bari diusapan. Diguyahkeun, kakara dibukakeun simbutna. Mun teu kitu mah aya bahan ceurik embung janari.
Sok dititah wudlu heula ku kuring téh sangkan teu tunduh teuing. Gék dina korsi, lelenggutan deui. Tungtungna sok dihuapan. Nu lelenggutan, lelenggutan. Nu ngahuapan, ngahuapan.

Sholat subuh, hayang jadi imam. Hayang ngabuktikeun ka kuring cenah, yén manéhna geus apal bacaan sholat. Bapana jeung si cikal nu lalaki mah da sholat di mesjid. Prak takbiratul ihrom mani khusyu, bacaanna tartil. Ni’mat kacida sholat diimaman ku manéhna téh. Rokaat ka hiji maca surat al-fiil, rokaat ka dua maca surat al-falaq. Mani lekoh téh qolqolahna.

Ari geus sababaraha poé diimaman sholat subuh ku manéhna bét hantem éta suratna téh. “Gentos atuh énjing mah suratna nya. Pan tos apal surat nu rada panjang ogé sanés?” ceuk kuring bari nilepan mukena. Jawabna téh keukeuh, “éh, da upami diajar prakték sholat subuh di TPA gé, Pa Ustad sok maca surat éta. Al-fiil sareng al-falaq.” Kuring ngan wasa nga”oh”keun bari unggeuk bati kayungyun.

Ari si cikal, kawantu keur meujeuhna begér bulan puasa ayeuna téh. Kuring mah api-api teu nyaho wé, lamun minyak seungit bapana dipaké téh. Buuk dirancungkeun maké minyak buuk bapana, tara dikopéah mah, sangkilang bogaeun gé. Baju koko unggal poé hayang salin. Ari indit tarawéh embung bareng jeung indung bapa, manéhna mah sok pandeuri. Konci imah mah da sok diteudeun dina juru pot kembang.

Hiji waktu mah, ditingali ti kajauhan ku kuring jeung bapana téh, manéhna indit bareng jeung budak awéwé. Angkanan mah kabogohna. Siga kalakuan bapana wé meureun baréto, ceuk kuring. Bapana nyenghél.

Béda deui cara ngabeubeurangna si cikal mah. Mimiti mah sok ulin jeung babaturanana. Tuluy robah ulin ka warnét. Geus dihulag ku bapana yén ka warnét téh keur budak saumur manéhna mah loba mudorotna. Naon anu dibuka tina internet téh jauh tina mangpaat. Apan deuih sakola keur peré, jadi moal aya pancén nu kudu ditéangan tina internét. Puguh gé jaman keur sagala mararahal kieu, ngabangkarkeun kolot. Sabab anggaran keur budak ka warnét mah taya ancoanana deuih.

Geus kitu, si cikal mindeng ngonci manéh di pangkéng. Sugan téh saré, ari ditingali keur ngomé hapé. Kadang nepi ka lalanggiran, untung teu nepika nonggéng gé. Kadang seuri sorangan, kadang kerung siga nu mikir bari panon jeung ramo manco kana hapé. Ari ditanya téh keur chatting jeung babaturanana.
Mending saré ceuk kuring téh, da nu puasa mah saréna ogé pahalaan. Dari pada méakkeun pulsa, atuh sarua kénéh nurut kana nafsu, nurut ka syétan da awuntah kana duit. Jaba apan balik tarawéh téh manéhna mah tara langsung ka imah. Kadang nepi ka tabuh sapuluh peuting da ulin heula cenah.
Geus balik ka imah téh tara langsung saré, kadang katingali masih ngomé hapéna. Hésé dicarék ari budak keur meujeuhna belekesenteng kitu.

Teu bisa leupas pisan tina hapé téh. Geus puguh di pangkéng, ka cai ogé mawa hapé da bari ngadéngékeun lagu. Kadang keur sholat gé hapé téh diteudeun dina gigir pangsujudan. Ari waktuna aya sms, sholat nu tadina anca téh jadi gurunggusuh da hayang geuwat muka eusina. Luak-lieuk, awéh salam, ceg deui kana hapé lain dzikir.
Keuheul mah éta ari keur saur, masih kénéh ngomé hapé. Geus puguh hésé dihudangkeun, ari waktuna dahar léléda pisan, jaba téréh imsak. Atuh da, am sangu sahuap, ceg hapé. Uyuhan teu salah ngasupkeun sangu gé.
Hiji mangsa mah dikotéktak eusi hapéna téh. Aduh ieung, paingan resep nyo’o hapé da eusina ogé ayang-ayangan jeung kabogohna.

Isukna dipapatahan ku bapana. Atuh puasa téh, keur budak saumur manéhna mah kudu geus bisa ngundak kualitasna. Lain ukur bisa nahan diri tina haus jeung lapar wungkul siga adina, tapi ogé kudu bisa ngajaga haté jeung pikiran katut laku lampah jeung omongan. Kaasup bobogohan ngaliwatan hapé. Enya puasana mah moal batal, tapi ngurangan kana pahalana.
Tungtungna, bapana moal deui pangngeusiankeun pulsa.

Sapuk ceuk budak téh, tapi bérés puasa hayang dipangmeulikeun play station, atawa netbook, syukur-syukur motor cenah.
Kahayang mah tong loba paménta ari geus gedé mah. Sing surti kana kaayaan kolot. Sakitu kolot téh nyanghareupan bulan puasa, harga ngararundak, bayaran sakola, jaba nyanghareupan lebaran. Ih, da lain deui jawab si cikal mah, ari si dédé rék dipangmeulikeun sapédah anyar cenah. Berarti hadiah lebaran Aa kudu leuwih alus. Sangkan saluyu jeung kebutuhan cenah.

Geus dua poé teu geugeut teuing kana hapé, tapi sapopoéna téh ngan saré wé. Kuat hésé dititah sholat gé. Ngaahir-ahir waktu sholat, geus téréh béak, kakara wudlu. Dipapatahan gé hésé, ngajawabna téh apan saréna nu puasa mah pahalaan saur ibu gé cenah. Alah ieung, naha budak ayeuna mah mani pinter upama ngabalik-balikkeun omongan kolot téh.

Mun waktuna balik tarawéh téh ayeuna mah tara elat. Sok langsung balik ka imah. Ngan bari mawa petasan jeung kembang api. Heug disundut di buruan hareupeun imah. Lain atuh kuring nu rék saré téh hudang deui. Bapana nya kitu deui gandéngeun. Sok sanajan salah sahiji pancén bapana téh ngarajia petasan, ari ka budak mah keukeuh wé teu bisa.

Si bungsu nurutan hayang nyundut petasan jeung kembang api. Kadéngé galécok jeung lanceukna. Lain atuh buruan téh nya bau merecon, nya kebul ku haseup. Nu hiji bebeledagan matak racleng tai ceuli, nu hiji deui tingbelesat pépérépétan hurung mancawura maturan tingkaretipna béntang. Nu nyundutna mah saleuseurian, suka bungah ngabagéakeun bulan puasa. Indung bapana mah ngalangeu, teu bisa sararé.

Baitii, 8 Juli 2013

Haturan utun inji nu karék datang