Hiji Pamflét di Tanah Sunda nu Merdéka
1
(Milang léngkah ti mangsa ka mangsa
ngitung umur waktu demi waktu
ngijir-ngijir wanci ti bihari ka kiwari
Ki Sunda cenah mah leungiteun dangiang
leungiteun tapak
leungiteun lacak
Nu aya ukur kari ngaran
ukur kari ngaran!)
Sakséni tuh langit nu paul, sakabéhna paul
atra walatra dipapaés ngeplak bodasna méga
Sakséni tuh tanah angar nu ngan kari saheureut
di gédéngan ku imah-imah beton
ngajungkiring mapaésan dayeuh Bandung
Di gédéng deui ku villa-villa alagréng
masieup lemah sarakan
Bihari
karuhun ngawariskeun kanyaah
Tanah nu héjo ngémploh
sagara pulas paul
langit lénglang, méga bodas
kapan nu urang
Kiwari
urang kari nyawang
tanah nu héjo ngémploh tinggal saheureut
sagara kelirna rupa-rupa
kacampuran mangpirang kokotor
langit lénglang bet jadi ngemplong
dirogahala ozon
Kapan éta gé geus jadi milik urang
Baringsupagi
tanah, sagara, langit
biheung kumaha jadina
biheung kumaha engkéna
2
Duh, si miskin jadi kaom terusir
si kaya bisa mungkir
Si miskin dibuligir
si kaya jadi kafir
Duh, si miskin jadi kaom terasing
si kaya ngabaheuhay di menara gading
Si miskin jadi maling
si kaya teu ambil pusing
(Lawang si kaya lawang si miskin
ngajega jungkrang nu lungkawing)
3
Mangsa pangawasa nagri raos-raos calik
na korsi gilang kancana
aya nu gupuy-gapay néang puntangeun
pabeulit reujeung eusi beuteung
nu taya kendatna melas-melis ménta eusi
Ari di ditu, nu raos-raos calik
teu engeuh dunya nu di handap
(paciweuh sual démo
sual undakna bahan-bahan poko, rékening listrik
jeung telepon
sual milih pikadéseun jeung pigubernureun
pabaliut jeung sawatara katugenah rayat
kaom cacah kuricakan)
Di dieu
urang leungiteun beungkeutan
rempug jukung sauyunan saukur sloganismeu anu cumah
kecap “menjalin persatuan dan kesatuan”
ukur payus mapaésan layar télévisi
4
(Ki Sunda nu ti mangsa ka mangsa pinuh dangiang
Geus dicatet’na lambaran sajarah
Geus dicutat’na lambaran lontar
ti jaman raja-raja bihari
tug tepi ka jaman konglomerat kiwari
tétéla masih kénéh poékeun
ngararampa jalan sorangeun)
Ka mana Ki Jurupantun
ngapung-ngapung ngaprak méga ngabaladah buana
Ka mana ronggéng-ronggéng makalangan
da geuning kasilih héab ti kulon
mangsa rock, slowrock, heavy metal, rap
geus teu nyemah deui di tanah urang
4
Tuh,
pasawahan, balungbang, pasir
jungkrang nu lungkawing
geus keuna ku héabna pangwangunan
(Pangwangunan!
Pangwangunan!
Cenah mah demi karaharjaan?!
Cenah mah demi ma’murna nagri?!
Di pakaleran Bandung kuring mireungeuh kebon-kebon sugih jadi wangunan alagréng
Di tegalan upluk-aplak kuring mireungeuh lapangan golf dibudayakeun
Di mana-mendi kuring mireungeuh pabrik-pabrik dug-deg
Di langit nu geus kahéaban ozon kuring mireungeuh parapangawasa nagri bentik curuk balas tutunjuk
Di satukangeun méga kuring mireungeuh diri gupuy-gapay muntangan méga
5
Barudak seunggah ulin di buruan
sabab buruanana ngan sacangkéwok
Barudak seunggah rék ulin mangsa bulan keur béngras
Ucing sumput ditéma bancakan jeung bébénténgan
atawa oray-orayan reujeung slépdur
sabab di puseur-puseur pertokoan sadia kaulinan ti kulon
Tamiya, vidéo games, games-watch, pé-és
mahabu di mana-mana
Basa rumaja Sunda geus jadi basa nu mandiri
Basa Batawi elu-gué pacampur basa gogog
direumbeuy basa Inggris little-little younkey
Laju,
Ki Sunda di mana?
Dangiangna kumaha?
(Geus béakeun dangiang cenah Ki Sunda téh
geus leungiteun tapak
geus leungiteun lacak
lalaguanana gé cenah geus béakeun wirahma
béakeun wirahma;
Rék kumaha ketak Ki Sunda
Rék ka mana nya lampah kudu ngaléngkah?)
6
Ki Sunda
Ieu kuring urat nu manteng jeroeun awak anjeun
Ieu kuring balung kadeudeuh nu nganteng na lelembutan
Ieu kuring getih kaasih nu ngamalir saawak-awak
Rék di mana nya kudu ngarereb?
Rék kumaha nya pilampaheun?
Kuring katambias di tanah ciciptan parapohaci kiwari
Kuring ngalungsar di tanah nu ngan kari saheureut
Kuring leungiteun lacak
Kuring leungiteun tapak di jaman kiwari
Sajarah bihari nu kacaturkeun léndo ku cai
ma’mur ku tatanén
kiwari ukur jadi catur tanpa bukur
ukur aya dina dongéng-dongéng
ukur aya dina seminar-seminar
ukur aya dina sawala-sawala parabudayawan
(Ema,
dikamanakeun tanah sacangkéwok
nu baheula dipaké ngubur bali?)
(Bapa,
rék di mana barudak urang mun rék mulan?)
7
Hyang karuhun, hyang batara-batari
tutunggul kamerdéka’an geus ditanjeurkeun di ieu nagri
tapi bulan pias angger ngaririwaan luhureun langit
tapi béntang bet teu nembongan saendeng-endeng
(Boa ngan ukur ririwan
mangsa urang pules ku rupaning katugenah
Boa ukur ririwan
mangsa kaadilan méhong ku mangsi hideung kakawasaan)
8
Geus!
Teu kudu deui nyarita perkara bulan jeung béntang
da langit geus nyakséni
getih hangru jeung bugang nu patulayah ukur jadi saksi jaman nu pireu
ngabigeu
Tuh!
Bulan jeung béntang mah ukur papaés
mangsa urang keur lindeuk ku katunggara cinta
Teu!
Teu kudu deui nyarita perkara;
langit nu lénglang, bulan nu béngras, atawa béntang nu baranang
da saksi jaman réa kénéh nu kudu dipaliré
dipiroséa
(Sakséni tuh
geus sabaraha metér-kubik cimata
nu sakeclak-sakeclak dipaké tumbal nyeungceurikan saksi-saksi jaman
nu teu kapaliré
teu kapiroséa!
Sajak Rosyid é. Abby
Bandung, 21 Januari 1995