Sajak S Mubarok

Sajak S Mubarok

CEURIK TI MASIGIT

Angin peuting dipapag daun kasungka
mirig jerit surili jeung rahuh dederuk
tungtung boéh kakoréh ramo haréndong
méangkeun taneuh, nu rada baseuh.
Handapeun lampit, gerendeng téh beuki deukeut
kalangkangna atra, diponconghok beugeut oncor
tina lalangit haréwosna hawar-hawar
katiir ceurik, kaborogod wates peuting.
Lebah golodog, nu nyuuh téh ngabangingik
sajadahna malih warna jadi nyacas
dareudana aprak-aprakan numpak pasaran
mapay jalan satapak, mawa béja ti akhérat:
Isukan dunya sakarat.
Ciamis, 1998.

CARÉCÉT KAYAS

Handapeun tangkal bungbulang anjeun anteng ngundeur angin
lir Batari Hiyang nyuaikeun karémbong cinta
rék nyipta pulo nu suni tina tungtung bulu mata
geuning nu ngagaleng na taar anjeun téh kalangkang kuring
kalangkang pamungkas basa paanggang na méga
basa kuring jeung anjeun anyar pasini
rék tepung di saung urang sisi basisir talaga.

Handapeun tangkal bungbulang anjeun geus reureuh ngahuma
ngaliwatan dua usum basa kuring niir wanci
ngabebenah potret anjeun nu mangkak dina jajantung
tuluy ngahaleuangkeun impian marengan kalakay bitung
ngiuhan na imut anjeun
diangklungan cangkurileung
sugan kahareup mah teu manggih pucuk ti girang.
Ciamis, 1998.

TARATÉ

(Sinom)

Ilikan lambak talaga
mupujukeun haté kuring
babakan simpay kanyaah
nalikung ramo jariji
rek ngaworkeun kaasih
kasieup ku pucuk ibun
sirungan di pajuaran
ngabageakeun pasini
deudeuh akang lain ngan satapak peucang.

Lengkah kedah sawirahma
nyungsi diri masing lantip
pan sagara rumah tangga
leber keukeumbing karisi
sanajan ceurik getih
anjeun moal janten gambuh
sarewu lambaran dunga
kanggo nyai nu solasih
ieu akang nyanggeman tresna salira.

Tasik, 1998

BEJA TI KALAKAY

Suku gunung tiporos ka biwir lamping
patarema jeung mega nu ngarandakah
kasieup layung nu mapag poekna peuting
nu ngalangkang di buruan ese mata
pawinian pelak cinta, pelakna keclak cimata
Lebah bilik, aya nu gegerendengan
mulas rasa nu raheut kakeset hinis
ngaping diri nu ngijih hujan doraka
majar hirup teh ngan dipirig kacapi
ngahariring hawar-hawar ngagentra boeh jeung padung
Ti tas angin ngaranjah lodong kakeueung
nu nangtung teh ngadeukeutan neuteup enteung
kalangkangna ngajirim jadi calacah
ngeteyep mapay alketip, tuluy rubuh adug songkol
ngaleungit bareng jeung seungit malati.
Pipir langit lebah dapuran tetengger
Tukangeun curug nu dikurubun teh sasadu
hahampuraan ka batu nu nyangirah ngaler
cimatana nguyumbang metik cantigi
tuluy ngaharewos ka tiap hate nu nyaring

Geura balik dulur, isuk aya samagaha !
Ciamis, 1998.

NYEGRUK KU SAJAK SORANGAN

eden Abdul AzisMun peuting mah ceunah hate teh sok balas bogo
ceurik lebah paseuk lampit nu kirayna karahaan ku cimata
Bongan sajak nu dipiguraan kalah bulukan
kapopohokeun kokoprak nu carindakdak
Ngan di Karanggedang sajak teh bet jadi gundam
ngimpi nyai titirah lebah sajak kalarung
nu padalisanna opat-opat ngarandakah
mairan imut salira, nyaosan cinta nu kawengku simpay jariji
Mangsa hate diangkir lamunan anjeun
cimata teh nyaliara na babancik
sabab panto, jandela, lalangit, katut suhunan
kabeh nepungan anjeun nu mucicid ku sajak
nu di imah kuring mah kalah bulukan
Teu sangka, geuning peuntaseun buruan hate
anjeun nyulam sajak kuring jadi amparan kaheman
nu teu laas ku dareuda.
Ciamis, 1998.

ALBEUM, 1

Tina sorot soca anjeun,
lalakon nyungsi pirang-pirang lamunan
nu saab hawa katresna
Ciciren ngantet ti lebah kaler
lambey anjeun nu kareueut
meuntaskeun harewos nu keupat mawa kamelang
dina lambaran surat nu kiwari geus karancang.
Wakca anjeun mepende papangge hate
ngarakrak reueuk nu minuhan rahuh kulawu
tilu cemped bilik hinis nguyumbang
kasimbeuh ibun nu nyangkrung di tepas wetan
Lebah pucuk rasamala nu galing muntang
kereteg mapay regang barungsinang
muru kalimah nu teu elat kagunamkeun
tina salikur kaca lambaran lalakon urang
Ciamis, 1998.

ALBEUM, 2

Cumalimba ngan neang sintung timburu
tina sesa rembesan cisoca anjeun
nu ngambang na rasa cinta
ngagentraan puhu angen nu inggeung
ngagonjak lolongkrang simpay rumasa.
Geter kadua mawa sugan jeung upama
hiji-hiji ngawincik gurat kanyaah
sawareh nyawang sedong-sedong bogoh
nu lianna ngabebetah rohangan tengah
tina implengan jatukrami jeung salira.

Geulis, lebah mana simpe teh nu teu mepende
lingkung kurudung nu hibar dipipir-pipir pasini
pan ayeuna tilu wanci sineger na balandongan
handapeun kalakay janur nu ngajirim pasanggiri
antara kuring jeung anjeun nu nyanding
lebah kalangkang lamunan urang.

Geulis, kaca pamungkas lalakon urang
geus kailo ku rasa sono
nu kiwari minuhan kasieup rangkulan anjeun.
Ciamis, 1998.

HEULANG NA PASARAN

-Ceurik 12 Mei

Pucuk camara kerep girimkeun haréwos
gurilap ibun mapagkeun datangna poé
ngalebur sakabeh gunung nu pangeusina laleungitan
nyésakeun haté nu geus cawérang, nyecep
ngan teuteup anjeun, Nyai, masih kénéh tinggarantung
dina tungtung pélor nu ngahéphép lebah walikat
lir cika-cika kabeurangan, kaheurap ku ramat lancah.
Meureun sawed téh ragrag na kotakan sawah
da sapoé jeput dareuda bet ngarangrangan
boa, ayeuna rek manggihan dangdang gula
bongan hariring leupas marengan cimata.
Mapay tiap lambak méga
manggih rambut katumbiri
meulah langit nu kuciwa
aya anjeun, Nyai, nyieuhkeun angin
ngaropéa mata poé rék dijieun sasakala
da isuk kuring masih di dayeuh keneh
mawa peura nu robah jadi kalakay.
Tangtu, ayakan pinuh ku du’a
geura pelak lebah pasaran
sugan buahna kaala jaga
mun nu dina korsi goyang
geus ngageubra ngabaturan.
Ciamis, 1998

Cat:

Pangemut-ngemut Insidén 12 Mei 1998 di Kampus Univ. Trisakti Jakarta

ALAS KOODERS

-Pipir Dayeuh Panjalu

Lambak situ lengkong meper guligahna rasa
karang endah dina taar katalimbeng ke umpalan cai
nu neumrag basisir kingkin
tina ranggon langlayangan nutug ibun
maseuhan pipi kiara na sela-sela daun huru jeung kondang.
Panjalu, gerentes kasengker waragad aheng
sasat dunya diwengku hoé jeung tepus
palebah dahan kileho loba supa ngarakacak
nyaksian bincurang langkap dirawélan kalong
dipirig galatik nu surak na pucuk bungur
Lebah wetan biwir rakit ngarengkuh seah kayambang
mastikeun tengtrem leuweung urang nu geus teu hieum
hawar-hawar harewos entreupna palebah dahan kihaji
Nyaringkah !, nyaringkah !
Ieu kula sesa dunya
nu henteu jadi ririwa
Ciamis, 1998

KALAKAY MALATI MUNING

Saha nu ngiclik gigireun pager
kuburan nu pinuh ku daging atah
bilatungan
humaregung dipayang ku hileud taneuh
jeung simeut batu
euweuh nu ngurunyung.
Luhureun sepur aya nu ngabelegbeg
neuteup seukeut keureutan beungeut
nu nyecep, nurihan poekna peuting
ngintip hiliwir angin panggeuing
ngadalingding seungit tanjung
humaregung.
Ret kalebah dahan cantigi
reungit ceurik
beakeun getih
sabab nu geulis teh geus konéas
dipingit ku taneuh beureum
dikembangan
dipiguraan
diaksaraan
Wafat,
Jumaah Kaliwon
6 Maret 1998
Singaparna, 1998.

TEPANG DEUI DI INTERNET
Keur : Rossy Alicia
Rerencepan mairan imut salira
nutuh sirung-sirung tunduh
ngarambet simpe, nu miis lebah kulincir
aya ku isin Elis, kalangkang teh sisirangan
Tulak dunya ngadadak lalayu sekar
surat buhun kalentab ginggiap untap
sausap aksara nyuai-nyuai layar kaca
Why do you never come to meet my heart

lain Elis, lain kuring teu malire
tapi engke, mun Yu És É geus henteu loba lalangse
Peuting ieu cangkurileung ngan bisa kakarayapan
purah neang potret anjeun dina pigura kaheman
dipitaan ku undak-usuk dareuda
haneut keneh ramo urang patarema
di jomantara Karapitan jeung Virginia.
Bandung, 1998.

PATEPANG DINA INTERNET
Keur : Rossy Alicia

Hate karasa bulucun
ngaprak-ngaprak paranje simpe
paciwit-ciwit lutung jeung layung
saentragan surat-surat elektronik ngabangingik
diwuluku sacangking hateup kadeudeuh
kapanah semah ti wetan
kabengbat soca biru cureuleuk
kagupay ku rambut kelir emas
pangambung bangir nuyun sawidak kahayang
Naha atuh salira teh, bet ngadilak angen-angen

I like you too

aweuhan ti Virginia ngabentaran layar kaca
malidkeun kembang pamelet ti kuloneun jalan cagak
keur anjeun Elis,
saturuy kalakay rasa ti girang alas kadaka
Ti harita, surat-surat sirungan di parapatan.
Bandung, 1998.

MOJANG TASIK

(Kinanti)

Sarangenge tengah tuwuh
moyankeun rambut nu galing
angkeut geugeut ngagentraan
hate nu pahatu lalis
imut ngagembang jajaka.

Diraksukan pangaweruh
anggoan istri pinilih
hayang teuing rek balaka
kawasna anjeunge surti
sok sieun ambon sorangan
malati kapipir-pipir.
Tasik, 1998

CARULUK CANGKALENG NGORA

(Mijil)

Sabab hirup sacangkeng jeung pati
kalangkangna maot
geuwat-geuwat tanjeurkeun taraje
ngambah kahirupan nu mustari
sing inget nya diri
bakal jadi tunggul

Mangsa kalakay ngagupay diri
teu bisa ngarengkog
watang umur nyaosan papasten
ngeundeuk-ngeundeuk mumuncangan werit
sakpeung ngajerit
sakujur dipanggul

meungpeung hirup urang sing tarapti
rorisan parabot
pacul galeng katengtreman hate
singkahkeun waragad dina diri
miang ka nagari
nyusul curug umur

Tasik, 1998

GONDEWA PIAS

Tarucing peuting, ngintip sasakala jaman

nyontang nyawa babarayaan jeung dosa


Snack's 1967