Hari Ibu Ema
Kénging Onnok Rahmawati
Teuteupan Kasum kosong. Paselang merelek heuay nyanghareupan lawang. Kahayangna mah golédag deui, disimbut, guher tibra. Tapi kudu sakola, jaba can nganteurkeun endog ka haji Iwa da peutingna kaburu kapegat hujan. Ceuk indungna tong teuing maksa bisi labuh kuriak nu rék dianteurkeunana pareupeus. Lapur moal jadi duit.
Rét ka lebah dapur, nyawang nu keur nyieun kadaangan jang sasarap. Indungna. Moal jauh ti menu éta-éta kénéh. Mun teu sangu goréng basajan, cukup wé ku sangu karo goréngan atawa bala-bala ti warung Haji Endun. Tibalik, ari endog ka Haji Iwakeun, ladangna ditukeurkeun kana barang murah kayaning nu kararitu wé teri jabrig, tahu témpé. Ngarah amba ceuk indungna mah.
Nu disebut dapur téh deuih tibang kahalangan hardéng. Bubuhan ti tepas ka dapur blag baé jiga ulag, jaba ulag anakna. Leutik, heureut. Iwal enggon nu dipindingan téh. Kituna gé teu ieuh saragam jeung dingding luar nu ku témbokan bari can anggeus. Bata beureum naék wé tuluy dibanjur tinyuhan semén tamba rembes ka jero. Enggon mah cukup ku gé-ér-cé. Mirupa témbok téa mah. Sakitu gé uyuhan kaiuhan. Alhamdulilah tinekanan indungna bogaeun imah. Nu tadina mah pan keur saung butut téh na taneuh batur. Berekah deuih najan basajan ti nu pangbasajanna teu maké aya bucuran. Manan -manan Haji Iwa nu gedongna sigrong, usum hujan mah mindeng néang Mang Ahdi tukang bangunan da teu ari témbokna seueur nu jemblang.
“Anggur mandi Cum, bisi kabeurangan.”
“Keudeung sakolana gé poé ieu mah Ma ceuk kamari gé.”
“Geuning?”
“Rék aya acara guruna.”
“Rék aya kitu rék aya kieu angger kudu dibiasakeun cara sasari. Ké tuman. Endog naeun can dijajapkeun.”
“Nyaaa, arék ieu gé.” Tuluy nguniang. Kencling ka cai nyalindang anduk pinuh ku ceti.***
“…tanggal dua puluh dua désémber biasa diperingati sebagai hari apa anak-anak?” Ibu guru di hareup.
“Hari ibuuu…”
“Kunaon pang kudu diperingati?”
“Margi ibu mah ageung jasana,” ceuk saurang.
“Alus, tuluy saha deui…”
“Margi nu ngurus urang ti aalit.”
“Bener, tuluy cung…”
“Margi indung mah eu…nu ngalahirkeun urang. Ngurus, teras…eu…” budak awéwé.
“Uuuh…” diaraukan ku budak lalaki da loba eu-na.
“Jep-jep tong tingarauk atuh. Enya jasa ibu téh ageung. Rupa-rupa di antarana sakumaha nu tos disarebutkeun ku hidep. Cikan tengetan kumaha ari mamah-mamah hidep di bumi. Pak-pik-pek di dapur lah, nyeuseuhan pakéan hiedp lah, ngurus itu ngurus ieu, bener teu? Malah bari nu didamel ka luar ti bumi sapertos ibu gé yeuh kudu ngajar hidep di sakola, raripuh pisan. Numatak kedah dihargaan ari indung téeh. Ka kum kaum ibu séjénna lain ema urang wungkul. Aya nini, uwa, bibi, jeung réa deui kaum ibu nu kedah dihargaan jasana dina kahirupan sapopoé. Ngartos?”
“Ngartooos…”
“Geura, kumaha cara miélingna ka mamah-mamah hidep?” Ibu guru deui. Nu ngajawab rupa-rupa. Ku cara upacara. Aya nu nyebut ku cara méré kado. Aya nu rék nurut mun dipapatahan. Aya nu rék ngadungakeun. Aya ogé nu rék babantu di dapur. Lah rupa-rupa abong pamikir budak és-dé. Komo budak lalaki mah ditaros ku ibu guru téh kalah tingkélémés.
“Enya sukur hidep palinter. Tos apal kumaha carana meraktékkeun miéling hari ibu anu nyata dina kahirupan sapopoé. Sanés ayeuna wungkul pédah ninggang tanggal nasional, tapi kudu salawasna. Kahartos?”
“Kahartooos.”
Bari diajar téh si Kasum campur nagalamun. Mun seug indungna téh jadi ibu guru kawas guruna. Capétang perténtang ngawulang. Pakéanna saragam. Teu weléh tegep saregep. Nu utamana mah unggal bulan nampa gajih. Meureun moal dug tinetek capéeun teuing. Jaba dihormat ku murid ku masarakat. Atawa teu indungna ogé manéhna isukan mun kataékan hayangeun pisan jadi guru. Isuk-isuk mangkat gawé pasosoré balik gawé. Gajihna rék dipaké nyenangkeun indungna. Cita-cita nu tara dibéja-béja. Da sakalina ngomong ka babaturanana gé sok matak nyeri haté, diparoyokan. Dipeupeuh ku nu aragul. Da geuning baturna mah cita-citana téh mani laluhur. Nu hayang jadi pilot, tentara, pulisi, kiayi, malah artis. Numatak disidem wé ka batur mah iwal ti ka indungna.
“Euleuh hayang jadi guru nyah, Cum? Jung hayang jadi naeun-naeun gé, Jang. Sing pareng. Ngan kumaha tuh Ema béyana? Kétang milik mah teu mungguhan. Dungakeun wé Ema sing jagjag panjang umur sangkan bisa usaha jangeun nyakolakeun hidep. Peupeuriheun Ema, ninggang di anak mah atuh….” bari remen katangén ku si Kasum téh disumput-sumput gé indungan sok tuluy nyusutan cimata.
“Nya sakadar cita-cita wé Ma. Pan saur Presidén Soekarno gé gantungkanlah cita-citamu setinggi langit. Cita-cita mah ciga ngimpi, Ma. Keun wé haratis jeung halal ieuh atuh.”
“Halal haratis ngimpi, cita-cita, nagalamun. Méh sarua. Ngimpi mah hadé saluhur naeun ogé. Mun seug keur ngimpi tuluy ujang ragrag? Cirining manéh saréna kurang ka tengah, heueuh? Heuheuy deuh,” sok dibauran heureuy indungna mah ngarah lééh suasana nu matak marudah.
“Si Ema mah,” bari manéhna gé jadi milu kaubaran ku seuseurian.
Sakapeung sok ngabayangkeun indungna téh siga pamajikan Haji Iwa atawa copelna pamajikan Mang Udung tukang baso. Pamajikan Haji Iwa mah beresih baé da tara baranggawé. Ménak atuh sagala kari nunjuk. Atuh pamajikan Mang Udung gé teu katempo capé tibang nampanan, mulangan duit di warung basona jadi kasir. Nu laladangna mah badega.
Béda jeung indungna. Nu kudu dugtinetek sorangan. Jaba aya di lembur téh kaitung anyar kénéh. Da sababara taun ka tukang mah ti méméh manéhna sakola téka, indungna téh nganclang baé nyaba. Jauh ka Saudi. Mulangna gé dua taun sakali. Sok diparoyokan ku babaturanna, cenah, si Kasum mah indungna keur néangan duit sagedé panto.
Baréto mah can pati nyahoeun kunaon indungna euweuh waé. Nu jadi kolot téh ukur ka nini, aki. Saha nu jadi bapa gé teu apaleun. Horéng ceuk béja ti nini akina, bapana téh teuing di mendi ayana ti saprak pipisahan jeung indungna gé. Basa Kasum na kandungan kénéh. Nyeri peurih nu jadi indung disilibkeun kana niat tawekal nyiar rijki najan ka taneuh deungeun. Jangeun ningkatkeun darajat hirup. Ekonomi nu pejét. Nini akina nyiruruk di taneuh batur. Jadi mahluk bututina. Numatak indungna ngagejrad lahaola. Berekah teu cara batur nu remen kacaturkeun aya nu meunang mamala dipahala dunungan atawa béja-béja goréng séjénna.
Tina sababara balikan téh kabeuli taneuh indungna mah, nagenkeun dua suhunan leutik. Jangeun nyaungan anak cenah, nyéta Kasum. Hiji deui nyaungan nini akina. Disebut misah da satapel. Satadina mah tina pulang anting ka Jidah téh hayang kabedag meuli sawah jeung balong. Teu kataékan, ukur balongna wungkul. Emana kaburu capéeun tur boga panyakit eungap. Numatak mulang ti panyabaan nu panungtung mah teu mangkat deui. Sésa simpenan ladang buburuhna dipaké usaha leuleutikan ngingu meri, molah sawah batur, bari jeung naeun wé nu sakirana jadi pausahaan. Panghayap tatangga gé nu kadada kaduga ku tanaga indungna sok ditedunan. Kiwari mah keur katambahan kana ngurut. Lumayan ngan kudu gedé tanaga. Tampolanna ari keur ngembrek mah sok teu ari ladangana téh erep paké ka mantri. Cenah mah aya kalana panyakit nu diurut téh sok tepa ka nu ngurut. Wallohualam teung ukur dédéngean si Kasum mun kolot keur darebrol….
“…sabab ibu bapa guru aya rapat, hidep bisa marulang kalayan pangajaran kudu diteruskeun di bumi masing-masing. Peupeujeuh tong sumarimpang arulin nya. Ka-em pingpin doa sesudah belajar.”
Ngong ka-em. “Berdoa mulai. Audzubillahiminassaitoonirrojiim. Bismillaahirrohmaanirrohiim Subhanakalloohumma wabihammdika ashaduallaailaahailaa anta astagfiruka waatubu ilaiih. Siap beri salaaam. Asslamu’alaikum warohmatulloohi wabarokaatuh….” Tuluy pahibut paheula-heula sasalaman. Tingkocéak tingalacrit. Aya nu tuluy mulang baé, nu jarajan heula, nu jangjian itu jangjian ieu.
“Cum ulin yu mikat manuk?”Agus.
“Moal euy rék néang duit endog tadi isuk can kabawa Haji Iwana euweuh. Isukan deui wé.”
“Euh sia mah. Nya balik heula wé beurang kénéh ieuh. Ké disampeur ku urang. Alus siah kamari gé si Adih meunang manuk siki nangka mani tilu. Si Fajar meunang jalak jeung kacamata.”
“Nyao euy kuma engké wé.”
“Heueuh, didagoan nya ké urang nyampeur.”
“Empék nyampeur mah. Ngan mun indung nyarék nya moal indit.”
“Heueuh lah sip.”***
Geus maneuh datang ka imah téh arang nyampak indungna. Mun teu keur ngurus meri paling ka sawah. Teu keur molah gé sok rajin ngala keting, betok. Atawa nyir kéong jang parab meri. Ngaleles mah sok nampa burit wungkul mun geus salsé. Mun teu meuseul, aya nu nitah ngalicin gé sok ditampa. Ku Haji Iwa mah diandeg ngaréncang matuh kajeun teu ngéndong mah asal balik soré, da uningaeun urut gawé di Saudi geus tangtu alus. Ngan indungna horéameun. Geus capé balas di Arab cenah nu beurang peuting méh taya ereunna. Hayangeun ngasab cara urang lembur baé.
“Cum, Cum…geus mulang?” Keur ucul-ucul saragam sora indungna ti luar.
“Nyaaa.”
“Mun geus dahar gancang ka dieu bantuan Ema nyacag kéong.”
“Acan da wareg kénéh. Ké wé.”
“Karep atuh. Geuwat ka dieu nya.”
“Nya ieu keur salin heula.”
Rérés ganti baju regot-regot cai hérang. Aya seupan hui kamayung, capék-capék heula sapasi, regot deui. Réngsé nyapék kutatang-kotéténg néangan céko. Céko kameumeut paméré Haji Iwa. Karunyaeun rujit mun ngurus meri. Welaseun ku daékanna cacak bebenjit kénéh. Geus kapanggih rap dipaké, gidig nyampeurkeun indungna. Teu réa omong gék dina jojodog.
“Tah kari nyacag. Aya naon atuh di sakola téh kiwari geus mulang? Mubah waktu atuh. Sakitu kolot mah isku-isuk téh mani sok mentingkeun.”
“Lain nang hayang atuh Ma, aya rapat. Jaba apan hari ibu Ema ayeuna téh ih. Ibu guruna gé rareureuh sugan disenangkeun hari ibu mah.”
“Oh hari ibu, tanggal sabaraha dih ayeuna?”
“Ih ari Ema ni poho kana tanggal. Dua puluh dua désémber.”
“Euh enya nya. Asa baheula mah keur jaman Ema biasa waé teu kudu peré. Paling ngayakeun upacara, mikeun hadiah ka ibu-ibu juara mun aya lomba urusan ibu-ibu. Atawa dikarabaya wéh ari jelema gedé mah dipakantoran cara hari Kartini.”
“Apan ceuk tadi gé bari aya rapat, cenah. Ari hari ibuna Ema kumaha?”
“Cuuum, Cum. Ema mah hari ibu waé pan ieuh,” walon indungna.
Si Kasum ka dituna teu réa omong. Najan jero batinna mah galécok kabina-bina. Ngan rék nyebut, “Ma selamat hari ibu” téh kararagok na létah sabab teu biasa. Teu cara urang kota meureun ka indungna téh karitu. Kalah nyengir sorangan. Untung teu katangéneun ku indungna. Heuheuy deuh.
Keur manéhna mah indungan leuwih ti indung-indung batur. Indungna nu pantes dibéré piagem hari ibu mah. Super Ema meureun indungna mah dumasar kana sakanyahona ngeunaan kumaha perjoangan éta awéwé pikeun kahirupan kulawargana.
Kabayang deui pangadeg ibu guru. Disurap-surup mun téa mah éta téeh indungna. Ganti kana mun jadi kawas ibu Haji Iwa nu juragan sagala rupa usahana. Sarua indungna gé geus haji. Tapi sok dijarebian da disebutna gé haji tékawé teu saharkat jeung haji mangkat berdikari nu kanyahoan inditna, mulangna, aya oléh-oléhna.
Bérés ngabayangkeun jiga bu haji Iwa mindah kana ngalamunkeun kawas pamajikan Mang Udung baso. Diteundeun di mana waé ogé indungna mah pantes. Bulukusutun sotén ku kaayaan. Da mun didangdanan mah geulis siga indung batur. Anyar mulang ti Saudi mah komo beresih. Na kunaon bapana nepi ka kiwari lebeng taya raratan? Kasum sok ngarasa hémeng. Mun ditanyakeun gé indungna tara réa waleran. Hayangna mah kawas batur nu indung bapaan. Tapi embungeun ai bapa téré mah. Basa éta gé aya nu ngajakan dicandung. Kasum wera. Untung indungna gé teu kabitaeun. Pokna rék ngagedékeun anak baé heula.
“Tong malaweung atuh tah ngamprot kapiceunan. Geus kaituh ai cangkeul mah keun éta ku Ema, kari nyampur bulgur ieuh.”
.“Teu. Tuh da rék bérés. Keun bulgur gé ku Acum, jig wé Ema rék ngaso mah.”
“Kawas bisa. Gaya deuih Ema kiwari ngaso?”
“Bisa Ma bisa. Sok Ema reureuh.”
“Ensok-ensok wé babarengan méh téréh bérés tapi tong malaweung. Nyaah ngamprot mah Cum, kéongna keur hésé kudu jauh nyiarna ka sawah tengah.”
Si Kasum teu lémék ukur bisa mencrong nu jadi indungna. Haténa mah ngagerendeng, ”Selamat hari ibu Ema.” cenah.
Ngan keukeuh teu wasaeun ngedalkeun. Éraeun téa da teu tuman kikituan sajleg apal hari ibu gé. Nya minangka miélingna téh nawarkeun jasa nangkes pagawéan ngurus meri. Horéng indungna gé teu surtieun. Abong enya deuih, unggal poé gé indungna mah hari ibu baé. Sagala rupa ku sorangan.
***
Ciamis 14.12.13