Cimata Panungtungan
Kénging Mimif Miftahul Huda
Ngiiinngg….
Sora karéta nu kacida tarikna ngahudangkeun kuring tina lamunan. Harita kuring bener-bener keur baluweng. Jero pikir naha bener peta kuring kawas kieu téh? Enya tapi kudu kumaha deui atuh?
Kaayaan stasion kacida raména. Jalma nu turun jeung nu naék kana karéta silih séréd na lawang panto karéta. Nu ti luar buru-buru hayangeun naék, sieun béakeun tempat diuk. Kitu deui nu ti jero hayangeun buru-buru turun. Kacida atuh sajam di jero karéta. Komo deui ieu karéta ekonomi. Nya panas, pagegelek, tambah deui paséréd-séréd jeung tukang dagang. Keur nempokeun kitu téh asa aya nu ngageroan. Pareng dirérét, enya wé gening babaturan kuring ngageroan.
“Di, buru naék! Manéh rék milu moal?” babaturan kuring ngagorowok ti lawang karéta. Kuring asa-asa rék milu téh, teuing kunaon poé ieu asa teu purun. Meureun gara-gara béda niatna jeung poé-poé biasana. Tapi da kumaha deui, kuring inget ka indung nu keur di imah.
“Heueuh tungguan, urang ngilu euy!” témbal kuring.
Teu kungsi sababaraha menit sanggeus kuring naék, karéta ngageuleuyeung ninggalkeun stasion. Ninggalkeun kalangkang haté kuring anu tinggaleun keur baluweng sorangan di sisi rél karéta.
Jalma-jalma nu tinggaleun lalumpatan moro karéta. Nya bongan éta mah résikona nu kabeurangan. Karéta mah tara ponténg ka nu konéng. Saha waé anu teu ngahargaan kana waktu, nya ditinggalkeun. Rék nu sangsara, rék nu beunghar.
Geus sababaraha kali eureun di sababaraha stasion, karéta beuki pinuh baé ku muatan. Kaayaan kieu téh keur muatan mah kacida nyiksana, komo keur tengah poé siga kieu mah. Tapi béda deui ari keur jalma-jalma pantar kuring mah, kaayaan saperti kieu téh jadi berkah.
Babaturan anu tadi ngageroan, noél taktak kuring. Sajongjonan mah kuring ngagebeg. Ngaran babaturan kuring téh Codét, éta landian sapopoé manéhna. Nepi ka ayeuna kuring teu apal saha ngaran aslina si Codét. Heueuh da wawuhna jeung manéhna téh kakara sababaraha bulan ka tukang, bubuhan tempat gawé kuring jeung manéhna téh sarua na karéta. Lila-lila kuring jeung si Codét jadi nyobat. Umurna mah 15 taun, méh saumur jeung kuring.
“Héh Di, siap teu?” haréwos si Codét. Haté kacida ngageterna.
“Kaayaan geus alus euy! Urang beulah ditu, manéh beulah dieu nya,” ngaharéwos deui kana ceuli.
“Tapi omat, manéh tong sagawayah. Kudu bener-bener mulus. Lamun henteu, manéh paéh.” Ngadéngé kitu beuki ratug waé haté téh. Kuring cicing, teu némbalan omongan si Codét. Késang nu ngagarajag na tarang beuki morolok. Rarasaan mah asa baseuh saawak-awak. Si Codét geus indit tiheula ka beulah ditu ninggalkeun kuring sorangan anu keur kebek ku rasa honcéwang.
Haté leutik mah embung milampah ieu téh. Tapi manéhna keukeuh ngudukeun. Kumaha atuh? Sakali deui kuring inget ka indung nu ngalempréh di imah, sorangan. Kuring gé nyaho, ieu téh salah. Tapi lamun ngandelkeun pagawéan kuring sapopoé mah, moal bisa nulungan ka indung. Taya deui jalan lain nu kapikir ku kuring salian ti milampah ieu pagawéan.
Bari asa-asa kuring ngaléngkah, haté geus teu puguh rasa. Keteg jajantung mani asa beuki tutunggulan. Kuring beuki honcéwang baé.
Targét! Enta kuring ges manggihan target. Kalah anteng nginget-nginget deui sagala rupa nu diajarkeun si Codét. Kuring ngadeukeutan targét, tuluy nyodorkeun leungeun kana kantong. Harita aya saliwat kapikir rék mundur waé, tapi da geus kagok.
Késang beuki ngoprot. Kaayaan di jero karéta beuki ramé ku tukang dagang nu bulak-balik bari tingjorowok. Leungeun asa ngadégdég pisan. Sanggeus kacekel barang nu ti tatadi ditéangan, buru-buru éta barang téh diasupkeun kana jékét.
Kakara gé ngaléngkah, kuring reuwas aya nu nyekelan leungeun kuring sabeulah. Dituturkeun ku sora ibu-ibu nu ngagorowok. Ti dinya kuring geus teu puguh rarasaan. Kuring diteunggeul, ditajong, dicangkalak nepi ka ngagolér. Kuring ngagorowok, ngajerit, tapi taya saurang gé anu nulungan. Kuring geus teu ngarti naon anu dijorowokkeun ku kuring. Baham geus karasa asin pinuh ku getih.
Saliwat kuring ngarasa boga harepan. Si Codét, babaturan kuring datang mariksakeun ka kuring. Tapi nangénan si Codét ninggalkeun deui kuring nu keur sumedang pinuh ku getih, harita kénéh éta harepan téh musna. Haté kuring nyesek, beurat asa katindihan batu anu kacida gedéna.
Kuring tuluy diteunggeulan teu eureun-eureun. Sora jalma na karéta ting jarerit.
Awak kuring di mana? Kuring geus teu bisa ngarasakeun deui awak nu napel na diri kuring . Kuring geus teu kuat. Taya saurang-urang acan anu nulungan.
Ras ingetan kuring ngalayang ka indung anu keur di imah, sorangan. Meureun keur anteng nungguan kuring datang. Haté ngarasa kaduhung anu pohara, teu bisa dikukumaha. Kuring ngagolér sorangan di tengah-tengah gerbong karéta. Bener-bener geus teu kuat.
Maaaa, hampura Udiiii. Panon karasa panas, baseuh. Baseuh ku cimata. Cimata panungtungan.
Hampuraaa.
****
Gerlong, 19 Februari 2013