Sajak Jang Nu Teu Kungsi Jadi Kabogoh
Naha anjeun masih keneh inget
waktu munggaran urang patepung
harita teu dihaja kuring neuteup anjeun
tapi ku anjeun dibales imut jeung someahna
Naha anjeun masih keneh inget
waktu anjeun keur hayang wawuh ka kuring
geus wawuh hayang wanoh
tepikeun anjeun wakca balaka ngangken tresna
Naha anjeun masih keneh inget
waktu anjeun keur kaedanan ku kuring
waktu anjeun keur ngudag-ngudag kuring
tapi kuring tetep teu mere hate
Dimana,…kumaha anjeun ayeuna
meureun anjeun geus poho ka kuring
hampura ……kuring kakara inget ayeuna
ceuk beja anjeun geus jugala di ibukota.
[Cibitung, 9 desember 2004, Toni Sofian]