surat tengah peuting
ku: Juniarso Ridwan
Bulan geus ngulincer ka béh kulon.
Méga-méga tingarudat. Mendung nu ngagimbung ti soré kénéh geus dibakutet hawa peuting, disimbut kasimpé.
Haréwos taneuh ngamalir ti pasir nutuluy dihuru kaketir.
Pucuk awi tinggarupay tina rungkun nu ngabelegbeg lebah landeuh.
Ramo-ramo halimun ngagapuy lebah jukut nu kabulusan.Angin tuluy kakalayangan bangun kingkin, taya kadang nu bisa diajak cumarita.
Ti kajauhan, pakampungan lir kotak-kotak kardus nu napuk na hambalan.
Warna-warni cahaya nu nyaliksik ka sang carang,ngitung batu nu balatak na wates buruan.
Geus lila temen panto-panto nutup kalbu, kekebul katut ramat lancah mapaés bangbarung nucipruk ku kapeurih.
Sabot anjeun ngoléang.
Manuk japati nu kabandang wirahma dunya, kamar-kamar beuki rupek, hate teu kendat guligah.
Jarum-jarum waktu narojosan,rocop na jeroeun bayah.
Haté karasa dirérab kasono.
Awak teu puguh laku, kawas keusik kabawa caah, teu walakaya, bangun taya tanaga.
Lampah bet jadi leumpeuh.
Sirah jadi suku,suku jadi sirah.
Biwir jadi gelas,gelas jadi biwir.Mata jadi panon, panon jadi mata.
Manusa wawayangan baé.
Ketak ka hareup teu incah tina lakuning niat jeung léngkah.
Nutur laku mapay lacak jatining diri.
Rek lumpat ka mana,taya tempat pangrereban.
Rék miang ka mana,rumingkang kasengker kujirim.
Dikukuntit kalangkang, hamo bisa nyumput tina tapak.
Hirup éstuning lain di kuburan.
Naon nu karasa ku nu lian geuning karandapan kusorangan.
Ngan inget sotéh alatan mibanda kahayang, tapi lain pédah sagala kumawasa.
Sanis kara aya wates wangenna.
Ku kituna awak mah puguh ukuranana, écés takeranana.
Taktak hamo bisa ngaleuwihan sirah.
Sirah nu salawasna tanggah,antukna bakal titajong.
Nu salawasna tungkul, tangtu moal apal lebah lingsirna matapoe.
Ngalieuk sotéh alatan boga beuheung, tandaning towéksa ngariksa diri.
Anjeun téh minangka jimat.
Nu bisa mépéndé pikiran.
Nu ngarojong hojah. Nu ngajaga antengna seuneu cempor.
Nu méré lolongkrang pikeun tandang.
Ngan sagalana gumantung ijiran Gusti.
Ayeuna anjeun duka dimana.
Boa jeung saha.
Teu weléh kuring nganaha-naha.
Bongan kungsi patepung jonghok.
Bongan silih deukeutkeun haté.
Bongan silih teundeun kahariwang.
Buktina?
Kuring lunta nuturkeun uga.
Kamar medem.
Lantéra cakueum.
Haté peteng.
Jajantung gulinggasahan, aya nu ngagedoran.
Tembok dada marékplékan.
Getih mancer ka embun-embunan.
Beuteung roroesan.
Hate diseblok mabok.
Diri leungiteun lilingeran.
Gusti, dunya geuning heureut.
Teu kebat ngaléngkah,ruruhit aya di mana-mana.
Wales bener jeung salah ngan semet lebah biwir.
Biwir nuraca ku sihir.
Nu raca kugimir.
Kari mikir. Kari mikir.
Bandung, mungkas 2005