Gerentes Peteng
Ku: Deddy Effendie
Tilam haté geus beueus, kareunang kasakujur awak. Dielap kuciibun anggur kalah jadi geunteul. Ningal Salira teu embut, teu lémék, teu maliré.
Karasa kana tikoro jadi garing semu panas, teu bisa ngedalkeun tembang asih, kanggé muja Salira.
Tiisna jampé kungsi mépéndé haté, nalika ngaguruh sora dulag tiunggal madhab. Nyéah sora nu ngagerih neda citresna, dibarung ku hujan cimata. Tapi angger Salira ngabigeu.
Basa gep antel pataréma rasa. Da cenah mun deukeut Salira langkung caket.
Teu méré tangara nu pasti.
Srangéngé meleték dipucuk gunung nu jadi tugur nu luhung.
Meh unggal balébat teu katitén,halimun meungpeuk mata poé nu beuki dieu jadi langlayeuseun.
Kahirupan bet jadi peteng. Upama ieu batin hayang nganteng marengan puji nungagalindeng lapat-lapat, tina lambey nu ngeleter, teu bisa labas ku pangwilujeng.
Haté can tangtu mampu ngedalkeun carita, nyipta taman sari nu nyebarkeun ganda malati. Yen hirup nudi keukeuweuk kiwari beuki bedegong.
Pangna hirup asa beuki bedegong, kungsi kapapay raratan, karasa heuras teuasna, tina lalakon anu osok ngarautan budi, anu nyebarkeun wawangi asih, nu nungtun bugang peteng, dikasay ku rupa-rupa kembang kadeudeuh. Henteu matak jadi béngras, malah bet asa beuki ceudeum.
Horéng ukur pulas tina kelir lambe anu ambucuy.
Mungguh nu jadi kanyataan ti tukang ngarautan budi tea, anu nyunyuhun mahkuta mustikaning ajén. Bet ngagelarkeun suudon: Ajén keur sadirieun, jadi papayung ciptaning ati, ukur geusan ngabaladah jalan kamasiatan. Duh ‘Jungjunan! Teu werat ieu sora dikedalkeun, seug dibewarakeun ka balaréa, yén haté kebek kukakuciwaan, yen rasa beuki tiis jeung geueuman. Kusabab panalar kolbu geus teu jadi angkeuhan kasugemaan. Kantenan, karaos nyanyautan. Sanaos aya jampe nu mepende haté nyecep tiis mubus kana bayah. Leungeun kawas nu lali geus gep deui baé neueulkeun tatu, panon eunteup kana raga lain muhrim. Léngkah neugtreug dina jalan batil.
Kituna teh bari biwir angger kunyam kunyemn gedalkeun puisi suci.Sakali deui hayang gep wé pataréma, sugan bisa diperedih, nyaliksik jawaban galura isun nu teuweléh ngagulidag ti sagaranu peteng.
Ari bréh téh Salira bet ngintun lambaknu nguwak ngawik lemah, leuweung beton diléléd ukur saletak.
Tangtungan diendagkeun, bra bru rambuh, taya nu mangga pulia.
Cipanon getih jeung ayat Gusti, kari juntrungna tinulis leungiteun harti.
Lahlahan waleh.
“Nun…urang teh jalma doraka?”
“Urang saha?”
walon gerentes nu kadua.
“Urangnu sok ngancik jadi sewang-sewangan…”
“Saha…?”
“Nusok salah bari soleh…”
“Nusok salah mah kacida hayangeun bener, éta tandaning soléh.” Teu diteruskeun da lain kitu gerentes sora nudipika butuh.
Bawi rasa nusok ngarautan budi téa, anu hayangeun pisan disebut jembar panalar.
Tetela kaancikan salah batan bener, diutak-atik make rumus kimia, dalil fisika jeung panalar matematika. Hasilna angger ngan sakitu, henteu tiasa sanaos ngan sakadar nyaketan kana skenario Salira.
Dunya téh ahéng.
Sanaos kitu tetep aya kahayang nu kebek kupanyombo sugan dipiharep pareng, meunang kawénéhan aya jawabananu natrat. Lir caang bulan opat welas, jalan beresih sasapuan.Nu puguh mah tetep taringgul baé, teu kalis ku aya proyék jalan tol.
Dunya teh sahéng ngaguruh ku sora nu ngagolak, ti biwir tatalepa kana biwir deui, tepung jeung rupa-rupa biwir nuréa. Ti gunung ka gunung ngaruntuy, ngelunkeun haseup, ngendag keun lemah.
Siga nu ngahaja méré kaketir pikeun biwirnu ngaguruhkeun ku rupa-rupa do’a téa.
Dunya téh harénghéng akibat loba teuing nu rebut catur tanpa bukur.
Cek cenah nudi cenahkeun, cek heueuhnu hayang diheueuhkeun, bari nyenyedek nyoko kana pasualan cinta. Cenah, cekéng téh bakat ku nyaah, bakat ku deudeuh, mung sakadar ibadah, nyaosan ayat Gusti :
yén satemenna manusa téh aya dina karugian. Iwal ti jalma anu iman, anu ngalaksanakeun amal soléh jeung méré pépéling sangkan tetep bener jeung sabar.
Éta téh ngancikna ukur dina pabukon nu pinuh kukekebul hirup.
Enya,enyana mah. Bari di heueuhkeun, sumuhun…!
Ngamalir dina getih,ngancik sakeudeung kana bayah, ngaliwatan jajantung…
ka dituna terus leyur, diteureuy poho.
Nun…
Nu Wasa!
Ieu serat téh kangge Salira, ti nudi damel ku Salira, nunepikeun pamrih tina bener jeung salah, anu nyipta sawarga jeung naraka. Pangapunten upama haté jeung haté nudipika wanoh ku kolbu,tungtung rasa nu cenah didinya ngancikna ganda malati nu nyeungitan satukebing jagat. Timanusa jeung manusa karek dugi ukur cenah cek babasan. Pangna kitu atuda ngancikna dina sungapana nu hiji, tur ngan hiji-hijina, padumukan urang anu wening téh dieusian ku cinta jeung napsu.
Sorangeun dijawab kupanjangna mangsa.
Babakti neuleuman hirup jeung hurip.
Tara nepi katungtung udagan. Sababnu ngahégak kaburu leuseuh, anu iman ngadadak teu aman antukna ngulapés bari nyangsaya, teu walakaya.
Nun… Nu ngayakeun sagala perkara.
Nu tadina euweuh parantos jagrag.
Ngawujud.
Gupuy- gapay cacarita. Sadaya-daya teu daya. Anging Salira nu uninga.
Garut,18 April 2005
ku Deddy Effendie
————————————