Serat Cinta Kuring keur Kuring
Surat Cinta kuring keur kuring
RADA werat deuk balaka téh.Sabab mun balaka sieun dituding hianat kana cinta.
Basa lambak di Basisir Pananjung ting siriwik nyampeurkeun,
basa patarema jeung suku, jeung leungeun jeung haté, kolu togmol balaka: “Kuring téh mika cinta anjeun.
Kasedih anjeun, kasedih kuring.Kabagja anjeun kubagja kuring.Moal aya anu dipicinta iwal anjeun.
Emh…, cinta anu pang éndah-éndahna. Bisa sapapait bisa samamanis, bisa sabagja bisa sacilaka jeung bisa silih tamplokkeun kanyaah.
Ukur ka dieunakeun jadi tumanya ka diri, kana haté, kana lelembutan jeung kana kadéwasaan mikir Ari cinta téh naon? Anu karasaa yeuna,horéng cinta téh ukur panalikung kana kabébasan kamanusaan.Tina ngasongkeun cinta alatan hayang boga kabébasan, hasilna jadi nyangreud kabébasan,lir mencek anu beunang kupitapak,lir méong anu tigebrus kana lombang, lir manusa anu geus kacangkalak teu bisa ojah. Teu pira anu nalikung namah hiji kecap basajan anu katelahna “kasatiaan “.
Eulis…, geuning nu disebut satia téh hartina, nyengker kabébasan diri!
“Geuning kitu..?”
Eh.., geura urang tataan.
Waktu anjeun imutka hatur,hate kuring murukusunu.
Waktu kuring imut ka batur,biwir anjeun murukusunu.
“Mani teu bébéja indit-inditan téh, ” cek anjeun ka kuring.
“Mani teu bébéja indil-inditan téh,” cek kuring ka anjeun.
Tétéla, pajar cinta éndah, ari buktina bet pijéngkéleun.
Kuring asa jadi mata-mata, manéhna asa jadi mamala.
Silih intip silih bongohan. Kuring embung dinyerikeun, manéhna embung dinyerikeun.
Ku hal-hal basajan. Basajan téh cek deungeun. Da cek anu keur ngalaman cinta mah, malah urusan sagedé sireum jadi urusan sagedé gajah.
Ka dieuna keun kapanggih, cinta mawa sangsara téh da bongan tadina hayang ménta,lain hayang méré.
Kadieunakeun kapanggih, cinta mawa balangsak téh, da bongan tadina hayang diladénan lain hayang ngaladénan, da bongan tadina hayang dipentingkeun, lain hayang mentingkeun, da bongan tadina hayang dipikanyaah, lain hayang mikanyaah.
Waktu anjeun mindah keun rasa kacinta ka deungeun-deungeun tur diri anjeun ngalaman kabagjaan jeung nu anyar, humayua haté kuring robah dadak sakala.
Tina anu asalna ngaku cinta bébéakan, robah jadi ceuceub bébéakan.
Padahal da baseuh kénéh biwir téh kedal ucap,kasangsara anjeun kasangsara kuring, kabagja anjeun kabagja kuring.Waktu anjeun bagja manggihan nu anyar, geuning kuring téh teu milu bagja?
Emh, sobat, ulah salah pangira, nya.
Meureun sabenerna mah salila ieu kuring téh lain mika cinta manéhna tapi ukur mikacinta diri sorangan, ukur nyaah kasorangan, ukur sorangana nu kudu dipentingkeun. Sakalina anu dipikaresep ku kuring mindahkeun kanyaahna, haté kuring ceuceub bébéakan!
Mun kitu pandéna, bédana cinta jeung ceuceub téh ipisna ukur sakulit bawang.
Lambak di Basisir Pananjung tingsuruwuk, maseuhan suku,maseuhan haté, seger kana suku hegar kana haté.Sapanjang waktu sapanjang umur.
Meureun cinta sajati mah jiga lambak di Pananjung téa. Manéhna ukur méré, teu hayang dibéré.
Ukur ngaladénan, teu hayang diladénan. Satia sapanjang waktu,satia sapanjang umur.
***
Basisir Pananjung, Pangandaran,2003
ku: Aan Merdeka Permana
————————————-