Ngaji Diri
Ulah nuduh kanu jauh, ulah nyawang kanu anggang,
Naha make neangan seuneu mamawa obor hurung?
. anggur nu caket geura raketan, nu dekeut geura deueusan. Moal jauh tina wujud, moal anggang tina awak, aya naon jeung aya saha Tina diri sorangan teh?, cirina satangtung diri., Pek geura panggihan
silaturahmi teh jeung diri sorangan,
ulah waka nyaksian batur,
saksian heula diri sorangan kusorangan.