Serat Bulan Opat Welas

Serat Bulan Opat Welas

Ku Étti RS

Haturan salira, raja nu ngancik di karaton haté kuring.
Bulan geulis pisan nalika ngedalkeun rasa dina ieu seratan, rasa nu ngurunyung kajurung gandrung dina mangsa bulan hurung.
Rasa nuhibar tina katineung nalika urang guntreng ngararancang jodo langgeng. Harita urang padungdengan utang-itung patepung di balé nyungcung. Harita urang pada-pada bungangang, hayang geura nyeuseup kembang nu bakal meleberna peuting munggaran.
Tos kaopat kali bulan moncorong, nanging iber ti salira lebeng ngampleng.Hariwang duriat pegat kasibat, honcéwang pasini saukur ngimpi.
Abdi alim bulan opat welas saukur janten kawaas. nanging hoyong bulan méncrang ngawujud na poé gumawang, dina poé panganténan.
Kamana atuh salira, taya sumping taya warta. Telepon teu embol-embol, és ém és gé beuki simpé.
Piraku tos lali deui kana Lagu Asih ti Jayagiri, nu harita ku urang disanggi teras di hariring keun bari suka seuri.
Sakapeung hariwang téh sirna mun émut kana seratan salira. Émut kénéh nalika abdi ngintun és ém és kieu unina ?:
Nyingray deui mega bodas nyingray deui, Ka tiup angin katiga nu datang dadak sakala Anggang deui batin urang anggang deui Kasilih panyinglar asih nu sumilir matak peurih Geuning tresna nepungan kokolebatan Kawas venusnu nembongan kakapeungan Harita saliran gawaler, éstuning kumatak teger :
Rasa sono tur rasa nu sanésna ka salira dugi ka ayeuna henteu robih.
Sing percanten, kasalira tetep mikangen. Hapunten nuju seueur lereskeuneun.
Duh éta kalimah ku matak bingah.
Sanaos kalimah singget nanging matak nambihan sumanget, ngandelan duriat tur kageugeut. Ieu rasa beuki nganteng tur kahoyong beuki keyeng,sumeja pasrah ditikah.
Panginten salira gé émut,salajengna urang tepung sok sanaos mung salangkung. Urang sami-sami gandrung nanging waktos teu ngajurung.Salira miang deui margi pancén parantos nganti.
Kuhoyong ceurik lolongséran,narah dikantun mangbulan-bulan, hoyong muntangan panangan sangkan urang tetep sasarengan.
Nalika badé papisah, cipanonn gadadak bedah; sanaos salira ngabeberah hatémah tetep marudah.
Ayeuna rasa geugeut bet ngareunteut sabada serat salira ngadadak saat. Palangsiang salira nuju kabéngbat.
Harepan éndah sareng katugenah paselang noélan rasa.
Rasa kaduhung manggunung-gunung, naha urang make tepung.
Lebar teuing cipanon kantos ngagelar, ngagarajag awor katresna kakelar.
Sakeclak sajuta asih, sirna kasesah kapeurih. Nyalangkrung cimata cinta, maseuhan dada salira, boa-boa … Ah, ieu haté rungsing baé, diborogod kasono kuhoyong pacaket baé.
Hapunten abdi miasih kaleuleuwihi, dugi ka panyawang ka mana-mendi. Salira téh pangreugreug ati, numawi abdi inggis salira lanca-linci.
Abdi tetep satia ngantos salira, lir satia bulan purnama nu tetep mabra.
Katineung ka salira tetep gumawang lir gumawang cahaya bulan nu teu elehku jutaan lampu nubaranang.
Jungjunan, rajana haté kuring, tah dangukeun lagu Hariring nu Kungsi Nyanding …
caang bulan opat welas,narawangan ati bangblas!

Dayeuh Kadeudeuh, 2005