Sataun landung
Sataun landung kuring padungdung
nandangan kahayang diri
belewuk pinuh ku lebu
loba dosa jeung cangcaya
kalangkang jadi udagan
inyana sok miheulaan
digabrug kalah abur aburan
tungtungna hate teh simpe
kuring taak rek enggeusan
tapi kiwari kudu kamana
bingung ngincig rempan nyasab
sok bisi jiga kamari
melengkung bekas nyalahan
hawar-hawar sora takbir
nu ngadulag reureundahan
kaditu kuring rek muru
susuganan rek lebaran
saptu nyubuh carangcang tihang
kahayang mah kabagean
salat ied di pangbalikan
hanjakal teu kaparengan
cenah enggeus da kamari
lebaran sewang-sewangan
lampah katutug karintug
bingung dina cecekelan
tungtungna hate ngoleang
kamana kuduna miang
hampura gusti nu suci
neneja mah kuring tobat
rek meredih kana diri
bari nyanda ka Salira.
—————————-
Wilujeng Boboran Shiam 1428 H. Neda sihapunten, mugia ageung cukup lumur jembar pangaksami. Urang silih lubarkeun kalepatan. Taqobbalallahu minna waminkum. Minal ‘aidin wal faidzin.