Sajak-sajak Asep Supriadi
*Pamuntangan Raga*
Rumaos sagala hese beleke
Ku gerentesna hate
Dina kaayaan simpe
Sanggeus surup panonpoe
Peuting sanggeus ngalalakonan beurang
Diri teu lesot muntang
Kana welas asihna nu maha wenang
Masrahkeun rupa-rupa nu geus kasorang
Tina lamokotna kesang wangkelang
Lapad doa melesat ka awang- awang
Batin sujud ka pangeresa
Nu maha dina sagala perkara
Diri nyanggakeun sadaya-daya
Utamina ieu rupa dosa
Anu henteu weleh karasa aya
Ngadodoho lampah raga
Bismilah teh pasolengkrah
Gusti anu sipat welas asih
Mundut ijabahna pasrah
Dibarengan iklas sumerah
Hirup hurip henteu weleh
Ibadah samemeh paeh
Pamass, Agustus 2009
*Situ Bandung*
Situ bandung dipaseuk gunung
Sasakala talaga baheula
Ngamuara ngagunasika
Merdaya sakabeh nu aya
Bongan manusa
Tina aya diaya-aya
Mangsa girimis maseuhan
Situ bedah lir karaman karoman
Malidkeun rupa-rupa pasualan
Pikeun jalma-jalma nu teu boga rasa heman
Tina tekad, ucap, lampah nu taya ugeran
Sakedet netra rup [a kota jadi wahangan
Situ bandung caina geus badah
Kaayaan patulayah henteu puguh
Titincakan napak dina runtah
Nu palid kabawa caah nu rongkah
Tina angseu ambekan ngarahuh
Ngaraoskeun seungitna limbah
Situ bandung talaga gunung
Parahuna muter kapahung
Rahayat ngabring diharudum sarung
Pangagung cicing siga nu bingung<