Keur sumedang

Keur sumedang

“Keur Sumedang, urang tandang…”

kadenge deui, kareungeu deui

unggal isuk, unggal ngarenghap

unggal mukaan album

ayeuna anggang, jauh tina panenjo

lalaunan sok kagambar mun keur ngalangeu

Tampomas nu mawa kelar

ngagupayan ngajak balik

balik pikeun ngabaladah pihumaeun

moponteng cikahuripan

Cicaneang teuing lampar

maseuhan Sumedang Larang

Ki Sumedang beuki hariwang

kasimbeuhan dayeuh Bandung

Jatinangor beuki bangor

Cikeruh tos lami kiruh

Cibeusi beuki dakian

atuh Tangjung Sari mimiti leungit asrina

Ti kaler mah lain deui

jati, senggon, beak dengkak

geus puguh johar jeung jengkol

dirajang dijual atah

jadi suluh jalma jelug

ngahaneutan hawu vila

Kumaha ari ti wetan kidul

boa-boa Sabeulit ge geus bulistir

leuweung Sanca boa geus beak

kamana nya pilumpateun

pikeun nyiruruk anak incu

boa Sumedang bener, keur ngarangrangan

Tungtung Seoul, April 19, 2004.

(Kang Yaya – asli pituin Sumedang)