Nu Can Kungsi Kalisankeun
Sora degung
ngungkung, mapag wisudawan nu sakeudeung deui bakal arasup ka jero rohangan,
tempat acara wisuda diayakeun, di gedong
Sabuga.
Ti awal keneh
kuring diuk dina korsi nu disadiakeun ku panitia. Cacak datang asa pangisukna,
bet kabagean teh na korsi jajaran pangluhurna, pangtukangna. Tapi keun weh,
demi anak.
Teu karasa cape
ieuh sanajan tibarang datang oge geus kudu ngesang.
Neangan tempat
parkir nu merenah hese naker. Budak mah geus elekesekeng sieun kabeurangan.
Kaning manehna teh meunang dangdan ka salon, make samping kabaya sapuratina.
Leumpangna rada aced-acedan da gejed.
Ras ka indungna,
hate make kagagas sagala. Geus teu aya dikieuna. Mana teuing bagjaeunana mun
kungsi ngabandungan mah. Tapi hate teh gancang dibangbalerkeun. Da geus puguh
nu mulang mah, anging Alloh nu nangtayunganana, teu kudu dipikamelang deui,
kari ngadua’keun.
Ninggalkeuna teh
ngan sawatara waktu saentas ngalahirkeun, duapuluh dua taun katukang.
Geus meunang badami
ti samemehna baheula teh, budak mun lahir awewe rek dingaranan Ratih
Sekar Kinanti. Ngarah jadi wanoja kembang kanyaah nu pinuh wirahma saperti
tembang kinanti, dinamis jeung pinuh kaasih. Cekeng ka pamajikan teh.
Sabenerna pikeun
kuring sasoranganeun mah aya kasang tukangna pangna hayang ngangaranan kitu
teh. Tapi harita mah teu kungsi dicaritakeun ka indungna Kinan, kitu
ngabasakeunana budak teh geus gede mah.
Puguh, ngaran eta
pisan nu ku kuring dipapaes na jero hate teh. Ngaran hiji wanoja batur kuliah
baheula.
Tapi mungguhing
jodo, prukna mah ka baraya. Lantaran wanoja nu ngaran Ratih Kinanti teh kaburu
meunang beasiswa ka nagri deungeun, ngahontal S2 na. Malah meunang beja ti
sobatna, cenah tepi ka S3 na diditu teh.
Acara geus
dimimitian. Sambutan ti Rektor pangheulana sanggeus bubuka. Kalawan reueus
manehna nyaritakeun yen taun ieu ti unggal jurusan loba mahasiswa nu lulus cum laude.
Sorangan kaasup anu
kasinugrahan bagja, anak kuring kaasup diantara nu lulus kalawan nyongcolang ti
jurusanana, fakultas tehnik lingkungan.
Budak mah geus
bebeja ti kamarina oge, lantaran harita keneh sanggeus beres sidang, langsung
hariweusweus nelepon, teu cukup ku nga sms.
“Alhamdulillah Pah,
Kinan lulus cum laude!” cenah bari semu dareuda. Kuring keur di kantor keneh
harita teh. Gancang nelepon ka indung sorangan, ninina Kinan. Ngabejaan ngarah
anjeunna bingaheun.
Sanajan kuring boga
pamajikan deui ti saprak ditinggalkeun kunu tiheula, indung teu ngawidian budak
dibawa, nya jeung anjeuna weh. Tepi ka ayeuna.
Hadena sa-kota keneh,
teu hese ngalongokan.
Poe ieu teh
pamajikan mah teu bisa ngilu ngistrenan, da meunang tugas ngabingbing
mahasiswana nu keur panalungtikan ka NTB, panalungtikan sual tambang-mineral ti
fakultas tempat manehna ngajar. Sanajan sabenerna mah kacida hayangeunana
ngahadiran, tapi waktuna kabeneran mareng pisan.
Diuk teh sorangan
bari rada cuang cieung, tapi paningali mah nguriling ka sabudeureun. Tatamu nu
hadir, sarua we jeung kuring, ngabandungan nu biantara teh loba nu bari
ngareretan sakurilingeunana. Lamun prok paadu tingal, unggeuk bari imut.
Sarerea nu aya di dinya tangtu keur papada bungah.
Ngaluuhan wisuda
salahsaurang anak atawa kulawargana.
Alhamdulillah,
beunang hese cape teh budak lulus nyugemakeun.
Kabagean diuk di
jajaran luhur pangtukangna tea, da kabeurangan jolna. Tapi malah kabeneran,
genaheun. Bisa nyawang ka mamana ti kajauhan. Biantara nu munggaran geus
anggeus, asup kana acara satuluyna, jeung satuluyna. Diselang ku rampak sekar
barudak Lingkung Seni Sunda nu matak reueus. Anjog ka acara panungtung nu
dianti-anti, wisudawan disebut saurang saurang dina runtuyan acara fakultasna
masing masing. Make ratug sagala hate teh. Celengkeung ngaran anak
disebut” Ratih Sekar Kinanti , S1 Tehnik Lingkungan duaribu tiga, Cum
Laude!” cenah.
Teu karasa cipanon
juuh, reueus, jeung bungah. Katambahan ku ras inget ka indungna. Buru buru
disinglarkeun, sieun paningali kahalangan ku, mangkaning apan hayang ningali
anak leumpang muru podium nampanan pangwilujeng ti-rektorna. Dina layar TV gede
nu dipasang di hareup oge geus katingali Kinan leumpang lalaunan dina antayan
wisudawan sejenna.
Rengse acara
ngistrenan, barudak mah can diidinan ka luar tina acara, dititah kumpul di
fakultas masing masing. Kolot kolotna kabeh dipandu ku panitia fakultas,
dihaturanan lebet ka ruangan jurusan, cenah. Disuguhan. Kuring mah angger luak
lieuk neangan budak.Sabot kitu ngobrol jeung nu diuk beulah kenca jeung
katuhueun. Teu kungsi lila hp disada. Horeng sms ti budak.
“Pah, mangga we
teraskeun acara ortu, Kinan masih aya keneh acara. Pami atos rengse ku
Kinan diwartosan, hoyong direncangan ku Papah nepangan bu dosen pembimbing”
cenah, panjang smsna teh.
“OK ” kuring
ngajawab sms na
Suasana kampus geus
robah, teu siga baheula jaman kuring kuliah. Ayeuna mah leuwih ‘meriah’.
Barudak mahasiswa katingal leuwih bebas ngaekspresikeun sagalarupa anu jadi
pamikiran atawa kamotekaranana.Matak reueus jeung kayungyun.
Aya anu tacan robah
oge. Tatangkalan gede nu jadi iuh iuh kampus. Umurna tangtu geus aya nu saratus
taun,boa leuwih. Tatangkalan nu geus kungsi nyakseni generasi bangsa lahir di
kampus nu kajojo saantero lemahcai. Kampus nu ngalahirkeun pamingpin pamingpin
bangsa sanggeus merdeka. Muga-muga Pamingpin anu brolna ti kampus mah beresih,
muga-muga nu lahir ti dieu teh taya nu kalibet korupsi.
Bari nungguan budak
nga-sms, beres disuguhan sorangan leuleumpangan di sabudeureun fakultas.
Ngawawaas maneh. Baheula sok sempal guyon teh di ditu tuh, bari nungguan jam
kuliah, di nu ayeuna geus jadi lapangan pentas acara.Tatangkalanana mah angger
keneh. Mun jangjian panggih jeung manehna, nya di dinya, atawa dina kagiatan
organisasi. Henteu sa-fakultas, tapi karesep mah sarua, di antarana milu
icikibung di Lingkung Seni Sunda. Numatak basa tadi disuguhan sora degung teh,
hate mah nyoreang puluhan taun katukang. Manehna jeung kuring sok mindeng
mentas bareng dina acara pamapag karesmen. Manehna pisan deuih nu ku kuring
ngaranna dipake pikeun mere ngaran anak sorangan. Keun weh, ‘ngalap berkah’ ku
pinterna. Matak manehna meunang beasiswa ka mamana ge, da pinujul wae.
Kateuing, dimana ayeuna? Kinan mah can kungsi ka-dongengan sual ieu teh.
Ah,barina oge da ieu mah sual hate lalaki, kitu oge baheula dina mangsa harita.
Ayeuna mah geus kolot,ngan ukur inget wungkul.
Tapi teuing ketang,
ieu hate ti saprak Kinan rek diwisuda, ngan inget wae ka alam harita. Asa aya
keneh kapanasaran. Aya lalakon nu can kacaritakeun, aya sasebet rasa nu harita
can kakedalkeun. Yen kuring teh resep, kayungyun, nyaah jeung deudeuh ka
manehna. Wancina baheula papisah, teu kungsi boga kasempetan ngedalkeun. Sok
sanajan dina polah tingkah jeung paneuteupna, kuring boga kayakinan gede hate,
yen manehna sarua, boga rasa asih. Ge-er meureun ceuk barudak ayeuna mah.
Sababaraha waktu
sanggeus papada lulus, manehna mapay. Harita cenah keur aya di nagri Sakura.
Ibu anu nampi telepon teh, cenah manehna nanyakeun. Ah keun wae sanajan manehna
teu boga rasa nu sarua oge, da kuring mah nyaah.
Kanyaah nu kungsi
diteundeun di handeuleum hieum. Can karuhan kateang deui.
Hape disada, buru
buru dibuka bisi ti budak. Enya we.
“Diantosan di teras
ruang A”, cenah. Gura giru kuring ka dinya. Nyampak teh Kinan geus ngajengjen
nangtung deukeut tihang teras. Leungeunna ranggah ti kajauhan kawas budak nu
hayangeun dipangku.
“Pah!” cenah
ngagero bari ngarangkul
“Urang difoto tea
sareng bu Ratih , buat ngucapin terimakasih “
Kinan ngaharewos.
“Bu Ratih? ” Kuring
heran, da salila ieu mah tara nyebut ngaran eta. Kinan unggeuk
“Muhun, dosen
pembimbing tea ” cenah, teu riuk-riuk
“Tuh, tos
ngantosan!” Kinan nunjuk ka jero rohangan.
Di jero bangun keur
riweuh loba nu kaluar asup bari jaligrah. Lolobana wisudawan da marake keneh
toga.
Sup ka rohangan, nu
dituduhkeun ku Kinan keur papahareup jeung tamu sejen bari aya nu diobrolkeun
meureun. Teu kungsi lila tuluy sarasalaman. Paromanna marahmay. Ibu dosen teh
malik ka kuring, jol deg weh jajantung teh asa rek eureun ketegna. Nu disebut bu
Ratih ku Kinan imut bari ngabageakeun someah pisan.
“Geuning…?” cenah
teu kebat, kalah song silih asongkeun leungeun, sasalaman.
“Wilujeng Kang!
Kinanti sae pisan prestasina. Teu sangki tepang deui nya?” cenah
“Mu..mu ..hun,
hatur nuhun. Bu Ratih teh…?” maksud mah. Bu Ratih teh Ratih-Kinanti tea,
babaturan kuring baheula? Manehna kaburu unggeuk, surti. Ampir tilupuluh taun
kaliwat meureun, geus lila pisan.
Kalangkan Ratih
baheula nembongan deui, camperenik, geulis. Ayeuna ge, meh teu aya robahna.
Angger we langsing, seger.
Bedana, paneuteupna
leuwih liuh, aya karisma nu matak ajrih. Sanajan kitu geter na hate kuring bet
angger can aya bedana, teu bisa kasumputkeun, kuring jadi kalah samar polah.
“Pun anak teu
nyanggemkeun rehna bu Ratih teh…” cekeng bari angger neuteup, neangan jawaban
dina heherang panonna. Kuring ngagebeg, ningali aya nu ngembeng didinya.
Manehna unggeuk.
“Abdi mah tos
nyangki Kinan teh leres putra Akang, da nami ramana sami sareng nami Akang..”
sorana halon bangun nu embung kadengeeun ku Kinan, anak kuring.
Sorangan teu bisa
nembalan, era katohyan make ngaran manehna pikeun anak sorangan. Gembleng
deuih, kabeh ngaranna dipake.
Teu kungsi menta
idin deuih, dalah ka almarhum indungna Kinan oge teu kungsi balaka naon alesan
nu sabenerna iwal ti pedah alus.
Nu cenah rek difoto
jeung bu Ratih teh Kinan kalah kalibet ngobrol jeung babaturanana nu
ngawilujengkeun.
Atuh kuring jeung
manehna kalah papada tungkul sajongjongan, bari paheneng heneng. Ari tanggah
deui paneuteup paamprok bari biwir papada engab, arek ngucapkeun kalimah nu
sarua.
“Lami pisan nya,
teu aya wartos?” Meh bareng
“Muhun!” bareng
deuih. Manehna imut. Buru buru nuluykeun caritaanana “Hapunten Kang, waktos
nguping wartos geureuha Akang ngantunkeun, abdi teu tiasa ta’ziah” pokna.
“Kawartosan ku
saha?” cekeng.
“Tangtosna ge
dikukupingkeun we ku abdi berita Akang mah, da panasaran sok hoyong terang”
tembalna
“Aeh muhun…” cekeng
asa dosa. Rumasa ari lalaki mah teu bisa satuhu kana rasa, teu kateuleuman
jerona hate manehna, padahal manehna teh apan nu dipicinta.
“Bu Diana iraha
uihna ti NTB?” Manehna nanya. Sorangan reuwas. Diana teh pamajikan nu ayeuna
tea.
“Geuning uninga?”
“Nya muhun atuh
Kang, maenya we sami sami ngajar di kampus ieu, teu kenal onaman” tembalna.
“Tara naroskeun kabar
Akang ka bu Diana mah, da sok nelepon we ka tuang ibu, janten terang sadaya”
Manehna siga nu nerangkeun bari nyeukeukeuk seuri halon bangun nu sugema.
“Paingan…!”
cekeng.
Kuring beuki Samar
polah, rarasaan asa keur ditalek hakim mun enggeus mah.
“Hapunten nya Rat!”
pok teh nyebut Ratih jiga basa baheula.
Manehna unggeuk.
Sorangan teu ngarti, naon sababna make kudu ngucapkeun menta dihampura, jeung
manehna ge jol unggeuk, teu nanyakaeun lantaran naon kuring menta dihampura.
Ah, Ratih, geuning
Akang mah bet teu kongang balaka, cek hate. Manehna mah meureun teu engeuheun,
yen na ieu jero hate aya rasa, nu can kungsi kalisankeun.
Ku: Tety S
Nataprawira