Tukeran ieu Sajak
Tukeuran ieu sajak
ku salambar simbut atawa samak saheulay
heug rungkupkeun ka barudak anu teu kaburu heuay
patinggolepak dina trotoar
Tukeuran ieu sajak
ku beas wuluh atawa heucak
heug sidkahkeun ka nu haropak
anu marangkuk di saung atawa di kolong sasak
Tukeuran ieu sajak
ku sababaraha siki pelor
heug tembakeun kana genggerong koruptor manipulator
sina enya kalojor
Tukeuran ieu sajak
ku beubeutian tina kalbu anu rido keur nyebor anu balangsak
(lamun teu kitu sasaak)