Serat Di Basisir Bagendit
Ku Opi Masropi Adiwijaya
CAI Situ Bagendit nyiriwik muru kikisik, ngulisik kana bitis urang duaan, Elis. Terus nyiriwik deui ka lebah kapinis nungicis dina rakit, bari kawas mawa seuri.
Kapinis siga nu surti, ka urang nukeur silih asih di kikisik.
Teu daek ngusik, teu kawawa ngagebah kujangjangna, da apal urang keur ngembang asmara.
Kalah ulin dina rakit, tapi siga nyidik-nyidik.
Salira hayang metik kembang taraté, hanjakal anggang tidarat.
Taraté téh sumedeng mekar, kembangna pulas kayas saulas. Lir kayasna rasa urang. Kembangna mekar, lir mekarna cinta urang.
Puisi salapan padalisan nudianggit dina kertas kayas saulas, digambaran beubeulahan haté, ku salira dibaca.
Puisi cinta jang salira, Elis!
Cinta Engkang téh suci, Elis
Ngadalis dina ati Mangkak dina sukma
Taya carita jang ngarogahalana Dina kertasnu ngan salambar Engkang wakca balaka Hayang subaya nu daria Engkang cinta ka salira
Ngan salira kembang sosoca Engkang.
Puisi wawakil ati ku salira ditimbang-timbang ku rasa. Terus imut, teuteupna nanceb na ati, ébréh raray siga nu suar,némbongkeun cinta dianjeun mekar.
Salira ngalipet éta keretas, dijieun paparahuan.
“Urang bangblaskeun ka peuntas, nya, Engkang!” harewos salira dina simpéna daratan Situ Bagendit.
“Malar ngambah talaga cinta, nya, jungjunan!”
kituna téh bari mageuhkeun keukeup.
“Palias kabaca kuNyi Endit. Bisi sirik ka nu keur silih pika asih. Abdi ringrang, da cek carita éta wanoja téh harak. Naha moal jadi mamala mun ieu keretas balabuh ka tengah sagara?”
salira kawas nu bingbang. Keretas paparahuan kalah ditimbang-timbang rasa. Da puguh dina éta paparahuan aya wawakil rasa, aya rasa carita, aya sajak cinta.
“Ah, Nyi Enditmah ukur legénda, Elis! Geura sok labuhkeun kana létah cai nu nyiriwik. Sina dibawa ka tengah, kasampalan talaga. Ngarah lana dina mangsa, ngarih tingtrim dina jaladri,ngarah katambias dina kembang taraté nu mangkak! Sugan kabaca Kunu Di Awang-awang, yén Engkang subaya cinta.
Cintanu medal tina hiji rasa nyacas, cinta Engkang lain cinta Rahwana, tapi cinta Rama ka Sinta, jungjunan!”
Kertas paparahuan kusalira ditunda dina létah lambak, lambak talaga nu reureundahan. Dicéwakan ku réma urang duaan. Ngarah ngambah katengah talaga. Ngarah bangblas ulin jeung alam.
Yén cinta urang daria, cinta nu mikarep cacap ka adeg-adeg rumah tangga.
Ah,Elis, mugia cinta urang mingkin romantis. Sing jadi lirik puisi nu ancik-ancikan dina batin.
Bagendit, Pebruari 2006
Opi Masropi Adiwijaya