SANGKURIANG
ku Hasan Wahyu Atmakusumah
sangkuriangngaran kuring
ti beurang_tukang caringcing
ti peuting tukang ngalinjing
neangan indung nu nundung
ah! kuring hirup nyingkahan kabingung
nyingkahan rurubed nu jolna ti aing
bongan kiwari geus taya wanci mustari
rea teuingsangkuriang
geus musna beurang
alam geus ilang dangiang
tinggal peuting anu panjang
cul hanca, ngadukduk acong-acongan
cul raga muru muru nu acan karuhan
sangkuriangngaran kuring
nu dibapaan ku badega
da bongan indung nu linglung
ngucap jangji tanpa ungang-ungang
indung ! bongan saha medalkeunsangkuriang
kitu cek ajali
tangtu kaharti
tapi naha ? dayang sumbi ngudar ucap
apan cek tadi
sangkuriangbaris mondong nyai putri
nu ninun puluh taun
tapa bari sewot kana barera
bongan geus nyieun carita
ngagurat di nu kiwari
alam ! anjeun musuh nu weduk ku teluh
nu ngayuga! ieu kuring geuwat ropea
ulah dijieun teundeun poho
bisi dunya ditangtang ka tengah kalang tanpa sisi
sangkuriangngaran kuring ! prak raponan
samemeh dunya awut-awutan, panonpoe disosoeh
samemeh balebat ngan kari urut
bongan geus nyieun ebat
ka sangkuriang anu linglung
eh istijrad! nyata anjeun teu beunang dipisobat
tangtu ku aing ditenjrag
ieu kuring sangkuriang
menta hirup mangsa bulan mun geus kembar
najan napsu rek dikencar-diumbar.
Rakata, 20-11-1955
Tina Kanjutkundang