Sajak-sajak Lia Taliah
‘Na rohangan haté
‘Na rohangan haté
Rék ngedalkeun
Rasa cinta nu tos lami
Taya nu miroséa
‘Na rohangan haté
Diri teu weléh lumengis
Neda widi ka Salira
‘Na rohangan haté
Cipanon ngemeng ku du’a
Biwir baseuh ku asma-Na
Asma nu ngageterkeun jiwa
‘Na rohangan haté
Kapeurih anu tumiba
Dosa anu di babawa
Sieun anjeun teu narima
Kana tobat saban sujud
Cisitu Indah, 3 Oktober ‘06
Sumujud di Alam Pakar
Nyukcruk galur nu dituju
Mapay laratan nu diseja
Harita anjog ka dinya
Ka lebah nu iyuh linduh
Di sisi émpang hareupan
Ucang-anggé Bari ngedalkeun kahayang
Ngaliwatan hiliwir angin ti lamping
Dipairan manuk nu eunteup dina dahan
Éndahna alam
Diri laif rék rumingkang
Haté ngadadak muringgis
Neda ampun kumalengis
Duh, Nu Ngagaduhan ieu raga
Diri sujud ka Salira
Dago Pakar, 15 Ramadhan 1427 H
Norékeun Haréwos
Gunung di simbutan halimun
Sagara nandang tunggara
Lemah keur ruhit berewit
Balébat teu ngaronghéap
Hayang teuing srangéngé némbongan
Panggeuingkeun nu di simbut humarurung
Écagkeun tunggara nu ngakar na dada
Musnahkeun ruruhit beureuwit nu nyangkaruk na kalbu
Kalah mongkléng ngadeukeutan
Ngagelebug angin na siraheun
Gumuruhna norékeun harewos
Kilat tingburinyay
Guludug ngaguruh
Siga nu meulah langit, nénjrag jagat
Cisitu Indah, 4 Séptémber 2006