Muru Peuting
teuing ku sono kana wayah nu
ngolebat,
jajantung meh bitu pinuh ku hawa nu motah,
pijalaneun teu diitung tarahalna,
hayang geura ngaguar impian.
buruan kawas geus lila teu katincak,
tatangkalan pasolengkrah, cucuk meh
rungseb unggal usik,
tulak panto masih keneh naplok.
aya saha di jero imah?
gerendengna nepi kana ceuli,
tapi da sidik taya sasaha.
na lebah golodog aya jirim nu month bireuk, ringkangna napel na lelembutan: “rek naon mantog?”
2002.