Lukisan Tengah Peuting

Lukisan Tengah Peuting

Beurang Nu Disimbutan Ku Halimun Geus Kasilih Ku Poékna Peuting. Ti Isuk Mula Panonpé Teu Némbongan, Ukur Kaciri Kelemengna Baé. Tapi Henteu Ari Kapeutingnakeun Mah. Cahya Purnama Nyingraykeun Halimun Nu Nyimbutan Kota. Di Sakurilingeunana, Béntang-Béntang Patulayah Maturansang Purnama, Éngklak-Éngklakan.Angin Ngahiliwir Matak Tiis Kana Haté. Kajaba Cahya Lampu Nu Ngajajar Nyaangan Jalan Rue De Lille, Nambahan Éndahna Peuting Di Puseur Kota Paris.

Jalan Nu Tadina Tiiseun, Ayeuna Geus Loba Nu Lalar-Liwat. Beuki Lila, Beuki Peuting, Sajajalan Beuki Ramé. Pada-Pada Ngarasakeun Éndahna Peuting Ayeuna. Caang Bulan, Béntang-Béntang Nyumput, Angin Nu Ngahiliwir, Ogé Cahya Tina Lampu Jalan Nu Ngajajar, Matak Nyugemakeun Haté.

Sabot Anteng-Antengna Ngalamun, Koréjat Kuring Ngoréjat Reuwas. Kagareuwahkeun Ku Sora Jam Ti Jero, Nyalukan Kuring Ngarah Geura Ngampih Ka Jero. Maturan Sakabéh Pangeusi Musieum. Geuwat Kuring Indit Muru Ka Kamar Ganti, Rék Ganti Ku Seragam Dines. Kuring Téh Pagawé Kaamanan Di Ieu Musieum, Musée D’orsay, Paris. Musieum Seni Nu Ngadeg Dina Abad Ka-19, Nu Cenah Ieu Musieum Téh Asalna Mah Stasion, Ngan Dina Taun 40-An Dialihfungsikeun Jadi Musieum Seni Rupa. Kaciri Tina Jam Nu Ngajeblag Gedé Di Jero Jeung Di Luar Gedong Musieum, Nu Jadi Ciri Has Stasion Di Eropamangsa Harita.

Méh Unggal Peuting, Kuring Méakkeun Waktu Di Ieu Tempat. Lamun Dipikir-Pikir Deui, Jiga Tokoh Utama Dina Pilem Night At The Museum, Nu Sakabéh Pangeusi Éta Musieumna Harirup. Kuring Sok Langsung Nyéréngéh, Mun Inget Kana Éta Pilem Jeung Kaayaan Kuring Ayeuna. Sanggeus Bérés Ganti Ku Saragam Mah, Kuring Langsung Ngurilingan Ieu Musieum.

Cenah Mah Ieu Musieum Téh Peringkat Katilu Sa-Perancis, Ari Di Dunya Mah Kasapuluh. Rék Teu Kitu Kumaha, Da Loba Karya Seniman Dunya, Aya Di Ieu Musieum. Aya Claude Monet, Édouard Manet, Vincent Van Gogh, Paul Gauguin, Jeung Réa Deui. Tapi Tina Sakabéh Karya Seni Nu Aya Di Dieu, Kuring Paling Resep Kana Lukisan. Pang-Pangna Mah Lukisan Karya Vincent Van Gogh. Teu Apal Pédah Naon, Bet Kuring Resep Pisan Kana Karya-Karyana. Lukisanana Méh Béda Jeung Lukisan Nu Séjén, Utamana Mah Dina Segi Warnana.

Saméméh Mariksa Rohangan Séjén, Kuring Sok Ngahaja Ngaheulakeun Rohangan Tempat Neundeunan Lukisanvan Goh. Di Antara Sakabéh Lukisanna, Aya Hiji Lukisan Nu Ku Kuring Pangdipikaresep, Lukisan Nu Judulna Starry Night. Nilik Ieu Lukisan, Ras Kuring Inget Kana Kaayaan Bieu Di Luar. Sarua Pisan Jeung Di Luar, Gerentes Kuring, Bari Gogodeg Dibarung Ku Hookeun. Sanggeus Sababaraha Menit Ngajentul Hareupeun Éta Lukisan, Geuwat Kuring Nuluykeun Ngurilingan Éta Rohangan. Barang Ingkah Sababaraha Léngkah, Kadéngé Aya Sora Nu Ngageroan. Bulu Punduk Bet Ngadadak Tingpuringkak. Kuring Culang-Cileung Sakedapan, Euweuh Sasaha. Balik Deui, Nuluykeun Leumpang.

“Jang…”

Sora Nu Bieu Ngageroan Kadéngé Deui. Atra Pisan. Buru-Buru Kuring Balik Deui, Nyampeurkeun Éta Sora, Bari Angger Ngadégdég. Teu Lila, Léngkah Kuring Eureun Palebah Lukisan Self Potrait-Na Van Gogh. Rét, Kuring Ngarérét Deui Éta Lukisan.

“Heueuh Jang, Kuring Nu Ngageroan Téh!” Cék Éta Lukisan, Bari Imut. “Teu Kudu Reuwas Jang!” Pokna Nambahan.

Naha Nyaan Ieu Téh? Cék Gerentes Haté, Bari Semu Teu Percaya Kana Nu Keur Kaalaman Ayeuna. “Naha Manéh Bisa Ngomong? Manéh Téh Hirup?” Cék Kuring Nanya Bari Ngadédég. Rumasa, Salila Gawé Di Dieu, Karak Ayeuna Ngalaman Hal Siga Kieu.

“Heueuh, Kuring Téh Hirup. Pikeun Jelema-Jelema Nu Ngarti Kana Harti Hirup,” Témbal Manéhna, Tuluy Seuri Nyakakak.

Kuring Teu Ngarti Kana Naon Nu Dimaksud Ku Manéhna. Tapi, Nu Pasti Mah Manéhna Hayangeun Ngajak Cumarita Ka Kuring. Kaciri Tina Cara Manéhna Nu Ngageroan Kuring Sababaraha Kali. Di Sagédéngeun Éta, Rasa Sieun Kuring Nu Tadi Saeutik-Saeutik Ngurangan, Kasilih Ku Rasa Kapanasaran. Antukna Mah Kuring Ngawanikeun Manéh. Manéhna Antusias Pisan Waktu Nyarita. Mimitina Manéhna Nyaritakeun Kahirupan Manéhanana, Nyaritakeun Kaayaan Paris Baheula, Nepi Ka Nyaritakeun Lukisan-Lukisanna.

“Tah Kitu Caritana. Baheula, Ieu Musieum Téh Asalna Mah Stasion,” Cék Van Gogh.

Manéhna Ngadadak Melong Sakedapan, Ningalian Sakabéh Nu Aya Di Sabudeureun Rohangan. Jep, Manéhna Ngadadak Jempé. Lir Gaang Katincak. Cimata Mimiti Nyurucud Maseuhan Janggotna. Bari Nyusutan Cipanonna, Tuluy Manéhna Tanggah. Muka Deui Panineungan Nu Geus Mangratus Taun Katukang Ku Manéhna Kubur. Panineunganana Jeung Kahirupan Anu Geus Nyieun Manéhanana Jadi Siga Kieu. Kahirupan Nu Nyésakeun Kanyeri Jeung Kapeurih Dina Haténa.

“Anjeun Apal, Kumaha Cara Kuring Manggihan Pati?” Cék Van Gogh Nanya.

Kuring Cicing Sakedapan, “Gering Ngalanglayung,” Témbal Kuring, Teu Yakin.

Van Gogh Gideug. Manéhna Ngangkat Leungeunna Nu Katuhu, Ngacungkeun Curuk Jeung Jempolna. Tuluy Diantelkeun  Kana Palebah Dada. “Dar!” Pok Manéhna, Pondok. Nyéh, Manéhna Imut.

Ngadéngé Caritaan Éta, Kuring Reuwas Kacida. Kasieun Téh Ngadadak Racleng Laleungitan. Nu Aya Dina Sirah, Ngan Ukur Kapanasaran. Cara Bulan Nu Nyingraykeun Halimun. Rét, Kuring Kana Lukisan-Lukisan Manéhna, Kuring Takjub Pisan Ku Lukisanana. Tapi, Naha Manéhna Kudu Tinemu Patina Ku Cara Kitu?

Teu Kungsi Lila, Pok Deui Manéhna Nyarita. “Heueuh Ari Harita Mah, Lukisan Kuring Téh Pada Teu Narima,” Cék Manéhna. “Pédah, Lukisan Kuring Béda Jeung Nu Séjén. Di Luar Katangtuan Lukisan Jaman Harita!”

Kuring Ngajentul Cicing, Teu Némbalan. Ngahaja, Méré Kasempetan Ka Manéhna Pikeun Balaka. Miceun Kasusah Jeung Kasedih Nu Geus Lawas, Nu Can Kungsi Kabudalkeun Ku Manéhanana.

“Naha Salah Mun Kuring Nyieun Lukisan Saluyu Jeung Kaayaan Haté?” Van Gogh Nanya, “Apanan Seni Téh Mangrupa Éksprési Jiwa, Naha Maranéhanana Teu Narimakeun? Anjeun Ngarti Naon Nu Dimaksud Ku Kuring Bieu? Yén Kuring Hirup Pikeun Jelema Nu Ngarti Kana Harti Hirup?” Pokna Malik Nanya.

“Najan Manéh Geus Euweuh Dikieuna, Tapi Jiwa Manéh Angger Aya Dina Unggal Lukisan Manéh,” Témbal Kuring.

Van Gogh Ngan Ukur Imut, “Anjeun Teu Salah, Tapi Can Bener,” Pokna, “Unggal Nu Aya Di Dunya Ieu, Boga Tugas Jeung Gunana Séwang-Séwangan. Pon Kitu Deui Hirup Urang.”

“Terus, Naha Manéh Maténi Diri Manéh Sorangan?” Kuring Nanya.

Van Gogh Ngabetem Sakedapan, “Urang Hirup Di Dunya Pikeun Néangan Kabagjaan,” Témbal Van Gogh. “Tapi Naon Harti Sabenerna Tina Éta Kabagjaan Téh?”

Kuring Mingkin Teu Ngarti Kana Naon Nu Dicaritakeun Ku Manéhna. Kapanasaran Kuring Beuki Lila Beuki Gedé. Rumasa Yakin, Yén Aya Maksud Nu Rék Ditepikeun Ku Manéhna. Kuring Nyobaan Sabar, Teu Nananyakeun Naon Nu Bieu Ku Kuring Ditanyakeun.

“Unggal Jelema Boga Tapsiran Séwang-Séwangan Ngeunaan Naon Éta Kabagjaan. Pon Kitu Deui Kuring!” Pokna Nuluykeun Carita, “Keur Kuring, Ngalukis Jadi Hiji Kabagjaan Dina Hirup Kuring. Tapi Maranéhna, Mani Sangeunahna. Nyisikudi Kana Hasil Gawé Kuring, Kana Kabagjaan Kuring! Apanan Ajaran Agama Anjeun Gé Teu Ngalarang Nu Ngaranna Parobahan Lin? Salila Teu Pagilinggisik Jeung Aturan Ti Nu Maha Kawasa, Éta Parobahan Teu Jadi Masalah Pan? Naha Ari Kuring Ngarempak Aturan Pangéran?”

Kuring Ngaheueuhkeun Naon Nu Diomongkeun Ku Manéhna. Sarua Cara Paribasa Kudu Ngindung Ka Waktu, Ngabapa Ka Jaman. Mun Teu Kitu, Tangtu Urang Bakal Kalindes Ku Kaayaan Jaman. Tapi Kuring Ogé Teu Bisa Nyalahkeun Masarakat Harita, Dalah Jaman Kiwari Waé Nu Ngaranna Parobahan Mikabutuh Waktu Nu Kaitung Lila, Ogé Kasapukan Ti Masarakat, Mun Hayang Éta Parobahan Diaku, Gerentes Haté Kuring.

“Sabenerna Mah, Harita Téh Kuring Teu Loba Paménta,” Cék Van Gogh, “Paménta Kuring Mah Ngan Aya Dua, Teu Pira Ukur Dua!”

Beuki Lila, Kuring Beuki Panasaran. Teu Loba Pipikiran, Pok Waé Kuring Nanya Ka Manéhna. Naon Nu Dipikahayang Ku Manéhanana Salila Hirup Harita.

“Kuring Mah Hayang Tuluy Ngalukis, Jeung Kuring Haying Éta Karya Kuring Dihargaan. Éta Wungkul,” Pokna Bari Semu Dareuda.

Ti Dinya, Kuring Mimiti Ngarti, Naon Hartina Kahirupan Nu Dimaksud Ku Manéhanana. Geus Kitu Mah, Manéhna Neruskeun Nyarita. Manéhna Manggihan Pati Lain Alatan Maténi Diri Sorangan,Tapi Kulantaran Kaayaan. Kaayaan Di Mana Manéhna Kasiksa Lahir Batin, Nepi Ka Manéhna Kungsi Dirawat Di Rsj Saint Paul-De-Mausole, Di Saint-Rémy-De-Provence. Kaayaan Nu Geus Maténi Manéhna, Kaayaan Nu Geus Maténi Impénan Jeung Kabagjaan Manéhna.

Rét Manéhna Neuteup Kana Lukisan Nu Aya Di Éta Rohangan. “Teu Hanjakal Kuring Geus Ngajakan Carita. Ayeuna Kuring Atoh Pisan, Lukisan Kuring Dijaga Ku Jelema Siga Anjeun, Ogé Kuring Bisa Angger Ningali Hasil Gawé Kuring Di Ieu Tempat. Kuring Rék Nanya Ka Anjeun, Naha Ari Kuring Téh Jelema Teu Waras?” Pokna Nanya.

“Henteu,” Cék Kuring, Pondok, “Manéh Mah Jelema Waras.”

Nyéh Manéhna Imut, Bari Reumbay Cimata. Atoheun Pisan Katempona.Teu Hanjakaleun Kana Hirup Nu Geus Dilakonan Salila Ieu Ku Manéhna.

Sora Jam Nyalukan Deui, Geus Jam Duawelas Peuting. Buru-Buru Kuring Indit Mariksaan Rohangan Séjén. Ninggalkeun Vincent Van Gogh, Lukisanna, Jeung Carita Hirupna Dina Mangsa Nu Geus Lawas.

Isukna, Sakabéh Nu Ngadeugdeug Musieum Geunjleung, Ningali Lukisan Self Potrait Vincent Van Gogh. Lukisanna Robah. Kasampak Dina Lukisanana, Vincent Van Gogh Keur Imut Bari Reumbay Cimata.

Ti Semet Kajadian Nu Matak Geunjleung Sa-Paris Éta, Kuring Kababawa Unggah Baléwatangan. Jadi Terdakwa Kasus Pengrusakan Di Musieum. Sababaraha Urang Seniman, Kaasup Pengelola Musieum Pada-Pada Nanyakeun, Lukisan Van Gogh.

“Pédah Naon Sia Ngaruksak Lukisan Di Musieum? Sia Apal, Éta Lukisan Saha?” Cék Salah Saurang Seniman Bari Ambek.

“Punten, Abdi Mah Ukur Ngobrol Jeung Anjeunna. Saurna, Anjeunna Gé Atoheun Kacida. Lukisanna Pada Ngahargaan Ayeuna Mah,” Témbal Kuring. ***

 

Fpbs Upi, 12 Februari 2014

*) Mahasiswa Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah Upi