Burit Geus Reup-reupan

Burit Geus Reup-reupan

Layung, ka mana layung

basa girimis nyandet urang di saung

satengahing pajaratan

basa réngsé ngurebkeun layon

Diriung parentul batu tutunggul

sakapeung urang pating gerendeng

mimindengna ukur ngaheneng

diranggeum keueung

Jeung burit beuki reupreupan –

Saha heula anjeun heula kuring heula?

cék anjeun harita -Teu kudu paheula-heula

dawuh cunduk mun pareng giliranana, –

tembal kuring asa-asa

Basa angin ngahiur ngawurkeun sawér cihujan jeung seungit kembang samoja

bulu punduk naha bet muriding

geuning urang paheula-heula bingbrit

norobos hujan nu beuki ngerepan

Jeung burit beuki reupreupan