BONGAN KITU
ku Juniarso Ridwan
Bongan kitudisebutna, puguh mega
dipapay di awang-awang: cek aing angin
Bongan kitukarasana, nyerina raheut
tatamba ka saban tabib: cek aing ngimpi
Bongan kitu digambarna, geulis kabina-bina
ditepungan unggal wayah: cek aing werejit
Bongan kitupandena, nyarita sorangan
ditataan di rs jiwa: cek aing eling
Bongan kituayana, beda jeung nu lian
diguliksek dina kamus: cek aing ibadah
Bongan kitu itunganana: Gusti
1992